KISI-KISI KANGGO NGAHONTAL SAWARGA
KISI-KISI KANGGO NGAHONTAL SAWARGA
Ku Ani Herliani
Anu dipicangcam ku sadaya Muslim taya sanés nyaéta janten ahli sawarga jalaran moal kiat nandangan seuneu naraka anu panasna 70 tikeleun ti seuneu dunya. Hayu urang teras paluruh kisi-kisina anu parantos dipaparin ku Alloh anu écés sinerat dina Al-Qur'an, supados urang tiasa lulus tur lebet ka sawarga.
Pidawuh Alloh dina Al-Qur'an Surat Ali-Imran ayat 133-135.
وَسَارِعُوا إِلَى مَغْفِرَةٍ مِنْ رَبِّكُمْ وَجَنَّةٍ عَرْضُهَا السَّمَاوَاتُ وَالأرْضُ أُعِدَّتْ لِلْمُتَّقِينَ (١٣٣) الَّذِينَ يُنْفِقُونَ فِي السَّرَّاءِ وَالضَّرَّاءِ وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللَّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (١٣٤) وَالَّذِينَ إِذَا فَعَلُوا فَاحِشَةً أَوْ ظَلَمُوا أَنْفُسَهُمْ ذَكَرُوا اللَّهَ فَاسْتَغْفَرُوا لِذُنُوبِهِمْ وَمَنْ يَغْفِرُ الذُّنُوبَ إِلا اللَّهُ وَلَمْ يُصِرُّوا عَلَى مَا فَعَلُوا وَهُمْ يَعْلَمُونَ (١٣٥)أ
133. "Poma aranjeun kudu gura-giru néangan pangampura ti Pangéran anjeun jeung ngahontal sawarga anu legana sarua jeung langit tur bumi anu diancokeun pikeun jalma-jalma anu takwa."
134. "(nyaéta) jalma-jalma anu infak, boh keur lalugina (beunghar), boh keur werit (sagala hésé), jeung jalma-jalma anu bisa nahan amarahna jeung ngahampura (kasalahan) batur. Alloh mikaresep ka jalma-jalma anu migawé kahadéan."
135. "Jeung jalma-jalma anu lamun migawé kagoréngan atawa dolim ka dirina, gura-giru éling ka Alloh, tuluy ménta dihampura pikeun dosa-dosana, jeung saha deui anu bisa ngahampura dosa-dosana salian ti Alloh? Maranéhna apaleun jadi henteu nuluykeun paripolah goréngna."
Janten kisi-kisi ti Alloh supados urang tiasa lebet ka sawarga téh nyaéta urang kedah janten jalmi anu takwa.
Kumaha ciri-ciri jalmi takwa téh?
1. Jalmi anu masihan infak boh waktos nuju lalugina rejekina, boh waktos nuju werit.
2. Jalmi anu tiasa nahan amarah tur ngahapunten kana kalepatan batur.
3. Jalmi anu upami midamel kalepatan, énggal-énggal émut ka Alloh tur nyuhunkeun dihapunten, tobat ka Mantenna.
Mugia urang tiasa ngahontal darajat takwa kanggo ngahontal sajatining ni'mat nyaéta sawarga. Mugia urang istikomah dina takwa dugi ka waktosna dipundut ku Mantenna.
0 Response to "KISI-KISI KANGGO NGAHONTAL SAWARGA"
Post a Comment