SUKUR



السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ ، 

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم

أ
SUKUR

Ku Ani Herliani 

Sukur téh nganuhunkeun ka Alloh Subhanahu wa Ta'ala anu parantos maparin sanéskanten ni'mat. Sukur téh intina ibadah, akar kasaéan, tur diwajibkeun pikeun jalmi, jalaran teu aya hiji ogé ni'mat anu katampi ku hiji jalmi, boh nu nembrak, boh nu nyamuni, anu sanés pamasihan ti Alloh Subhanahu wa Ta'ala.

وَمَا بِكُمْ مِنْ نِعْمَةٍ فَمِنَ اللَّهِ ۖ ثُمَّ إِذَا مَسَّكُمُ الضُّرُّ فَإِلَيْهِ تَجْأَرُونَ

"Jeung sagala ni'mat anu aya di anjeun (datangna) ti Alloh, tuluy lamun anjeun katalangsara, ngan ka Mantenna anjeun ménta pitulung." (An-Nahl ayat 53)

Alloh Azza wa Jalla masihan rupining kasaéan ka urang. Tos sakedahna urang sukur ka Mantenna. Urang kedah satékah polah midamel padamelan anu baris ngabantos ka urang supados teu weléh sukur ku cara ngantengkeun émutan ka Mantenna.

Alloh Subhanahu wa Ta'ala midawuh :

فَاذْكُرُونِي أَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوا لِي وَلَا تَكْفُرُونِ

"Poma anjeun kudu inget ka Kuring, Kuring ogé bakal inget ka Anjeun. Poma anjeun kudu sukur ka Kuring, jeung poma anjeun ulah mungkir ka Kuring." (QS. Al-Baqoroh ayat 152)


وَإِذْ تَأَذَّنَ رَبُّكُمْ لَئِنْ شَكَرْتُمْ لَأَزِيدَنَّكُمْ ۖ وَلَئِنْ كَفَرْتُمْ إِنَّ عَذَابِي لَشَدِيدٌ

"Jeung (sing inget) basa Pangéran anjeun ngiberan, "Saéstuna lamun anjeun sukur, tangtu Kuring bakal nambah (ni'mat) pikeun anjeun, tapi lamun anjeun mungkir (tina ni'mat), pasti azab ti Kuring kacida beuratna." (QS. Ibrahim ayat 7)

Rasa sukur atanapi rasa narimakeun tur nganuhunkeun téh sering kaluli-luli. Teu sakedik jalmi anu upami kénging musibah raket pisan ka Alloh jalaran peryogi ku pitulungna, ari tos bagja mah hilap kanggo nganuhunkeunana, jongjon waé suka bungah dina kabagja, jongjon ngabalajakeun rejekina, henteu émut ka nu masihanana. Atanapi henteu sukur ka Alloh jalaran ngaraos teu acan dipasihan ni'mat. Hirupna karaos mung saaya-aya. Padahal hirup anu séhat tos ni'mat anu kalintang ageungna.

Supados urang teu weléh sukur aya tarékah ti Kangjeng Nabi.

Ti Abu Hurairah Rodhiyallohu anhu, Rosululloh Shollallohu 'alaihi wa sallam midawuh,

عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : اُنْظُرُوْا إِلَى مَنْ أَسْفَلَ مِنْكُمْ، وَلاَ تَنْظُرُوْا إِلَى مَنْ فَوْقَكُمْ، فَهُوَ أَجْدَرُ أَنْ لاَ تَزْدَرُوْا نِعْمَةَ اللهِ عَلَيْكُمْ.

"Poma anjeun kudu ningali ka jalma-jalma anu aya di sahandapeun anjeun jeung poma ulah ningali ka jalma-jalma anu aya di saluhureun aranjeun lantaran anu kitu téh leuwih payus pikeun aranjeun supaya teu nyapélékeun ni'mat Alloh anu geus dianugrahkeun ka aranjeun." (HR Bukhari-Muslim)

Pidawuh Kangjeng Nabi, supados urang teu weléh ngaraos bagja tur sukur ka Alloh, urang kedah ngimeutan jalmi anu sahandapeun urang tina perkawis kaséhatan jiwa (akal) sareng raga. ahlak, harta banda, sareng ni'mat-ni'mat sanésna. Upami urang teras kitu insya Alloh urang bakal kaaping kanggo teu weléh sukur ka Mantenna.

Rosululloh Shollallohu 'alaihi wa sallam midawuh, anu hartosna,

"Lamun hiji jalma ningali jalma anu kamusibatan tuluy ngucapkeun:"

اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ عَافَانِيْ مِمَّا ابْتَلاَكَ بِهِ وَفَضَّلَنِيْ عَلَى كَثِيْرٍ مِمَّنْ خَلَقَ تَفْضِيْلاً

"Sagala puji pikeun Alloh anu nyalametkeun kuring tina musibah anu ditibankeun ku Alloh ka anjeun. Jeung Alloh tos maparin kautamaan anu leuwih gedé ka kuring tibatan ka batur."

"Mangka éta musibah moal keuna ka dirina." (HR Muslim)

Ningal jalmi nuju teu damang badanna, jalmi anu kirang akalna, jalmi anu teu kagungan tuangeun, anu teu kagungan bumi, anu ditibanan musibah papalingpang sareng agama, jalmi anu sesah nampi hidayah, jalmi anu guligah manah, anu nalangsa, anu aya kasieun, sareng anu ngaraos rarupek bumi alam, lajeng tingal diri urang, teu kirang nanaon, sadayana cekap, sok sanaos henteu medah-meduh nanging matak sugema. Éta sikep anu qonaah, nyaéta sikep anu ngaraos cekap. Lajeng sukur tur nyanggakeun puji ka Alloh, geuning urang téh kalebet jalmi anu ageung milik.

Jalmi anu dipaparin hidayah kanggo tumut kana naon rupi anu dituduhkeun ku Nabi Shollallohu 'alaihi wa sallam, rasa sukurna bakal teras tumuwuh tur langkung panceg, salajengna ni'mat-ni'mat Alloh Subhanahu wa Ta'ala bakal teras ngocor ka anjeunna. Sukur deui, ni'mat ditambih deui, teras waé kitu.

Sabalikna hiji jalmi anu teu weléh ningal ka luhur, anjeunna teu ngaraos tos dipaparin ni'mat, janten anjeunna henteu sukur. Urang kedah waspada, nalika rasa sukur teu aya di diri hiji jalmi, ni'mat-ni'mat ogé teu aya, salajengna musibah sumping piligentos, teras-terasan guligah manah, teras-terasan ngaraos nalangsa, ngaraos ambek tur sirik ka jalmi anu dipaparin kasaéan, tur henteu rido kana katangtosan ti Alloh Subhanahu wa Ta'ala Anu Maha Ngatur. Ieu saleresna mah musibah agama kanggo éta jalmi anu nyata-nyata rugelna di dunya kénéh, kantenan di ahérat, azab anu kacida abotna sapertos anu parantos disebatkeun dina dalil di luhur.

Upami urang ngimeutan ni'mat-ni'mat ti Alloh Subhanahu wa Ta'ala, boh nu nembrak atanapi nu nyamuni, tur ngalenyepan yén éta sadayana anugrah tur kasaéan Alloh Subhanahu wa Ta'ala, tangtos urang bakal kalintang ngaraos sukurna ka Mantenna. Sarupi ni'mat waé nu aya dina badan urang, tos sesah ngawincikna. Ni'mat soca nu sehat tur tiasa ningal, cepil anu ngadangu, pangambung anu tiasa ngangseu, ilat anu tiasa ngararaoskeun raosna katuangan, patuangan sareng eusina, usus, bayah, kalilipa, ati, lajeng paru-paru sareng jantung. Ogé panangan sareng sampéan, sadayana séhat, alhamdulillah. Ni'mat cai, angin, anu diantawisna aya oksigén geusan urang ngarénghap, ssjb. taya deui iwal urang kedah ngangken kalintang sampurnana ni'mat-ni'mat ti Allâh Azza wa Jalla téh, salajengna urang janten seueur muji ka Mantenna, tur isin barangsuhunkeun anu teu payus, isin midamel hal-hal anu henteu dipikaresep tur henteu dipikarido ku Mantenna. Urang bakal isin upami henteu midamel paréntah-Na, urang bakal isin upami ngareumpak naon rupi anu dipahing ku Mantenna. Janten rasa sukur dilaksanakeun ku cara ngalaksanakeun paréntah-Na, nebihan anu dipahing ku Mantenna.

Paréntah ti Alloh anu pangutamina nyaéta tauhid, ngangken Alloh hiji-hijina Pangéran. Sukur anu pangutamina nyaéta tauhid, dupi larangan anu pangutamina nyaéta musyrik. Upami urang sukur, tangtos moal midua manah ka Alloh. Mantenna teu weléh anu pangutamina dina manah sareng émutan urang.

Horéng jalmi-jalmi anu teu weléh sukur ka Alloh, ngangken yén aranjeunna masih kénéh awon rasa sukurna kana ni'mat Alloh.

Rosululloh Shollallohu 'alaihi wa sallam midawuh, 

… لاَ أُحْصِيْ ثَنَاءً عَلَيْكَ، أنْتَ كَمَا أَثْنَيْتَ عَلَى نَفْسِكَ.

"… Kuring teu bisa ngitung pamuji pikeun Anjeun. Anjeun téh luyu sareng anu dipuji ku diri Anjeun nyalira."" (Shohéh)

Rosululloh waé ahlina sukur, ahli ibadah, ahli dzikir, ahli istighfar, ngaraos kirang kénéh dina muji ka Alloh. Saur anjeunna mung Alloh anu payus pamujina kanggo diri Alloh nyalira. Dupi urang anu tetebiheun upami dibandingkeun sareng Rosululloh sapertos kumaha sukurna? Sapertos kumaha mujina ka Alloh?

Mugia urang kalebet jalmi anu teu weléh sukur kana sanéskanten ni'mat anu parantos dipaparin ku Alloh SWT. Mugia Alloh rido ngempelkeun urang sareng Rosululloh, sareng jalmi-jalmi anu teu weléh aya dina bebeneran, sareng para syuhada, tur sareng para solihin di sawarga.


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SUKUR"

Post a Comment