TAFAKUR SARENG DU'A
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ
الحمدُ للهِ رَبِّ العَالَمِيْن
حَمْداً شَاكِرِيْنَ حَمْدًا يُوَافِي نِعَمَهُ وَيُكَافِئُ مَزِيْدَهُ
TAFAKUR SARENG DU'A
Alloohu akbar.
Alloohu akbar.
Alloohu akbar.
Astaghfirulloohal adziim.
Astaghfirulloohal adziim.
Astaghfirulloohal adziim.
Alladzii laailaaha illa hualhayyul qoyyum.
Wa'atuubu ilaiih.
Ya Alloh, danget ieu abdi sumujud, nyanggakeun pangabaktos dina netepan, dina dzikir, dina du'a. Taya sanés abdi hoyong dihapunten dosa, ya Robb. Dosa anu sesah diwincik dihiji-hiji, tiasa janten bakat ku seueurna. Boa ku jalaran kawatesan émutan aya diantawisna anu hilap. Mugia Alloh kersa ngahapunten sadayana, boh nu karaos boh nu teu karaos, boh nu kaémut, boh nu teu kaémut, ti kawit abdi sawawa tawis diétang rupining kasaéan sareng kalepatan. Salajengna mugia Alloh kersa ngaping abdi sadaya supados henteu midamel deui kalepatan.
Ya Robb, hapunten abdi sadaya anu masih kénéh nganggap pituduh kénging ngémut jalmi langkung payus tibatan sajatining pituduh kénging Anjeun. Padahal abdi ngangken Anjeun Nu Nyiptakeun abdi sadaya, Anjeun anu miwarang hirup saheulaanan di dunya kanggo ibadah, lajeng Anjeun bakal nyauran deui abdi sadaya dina hiji waktos. Jalaran ngajurungna ku kaasih, Anjeun maparin bekel Al-Qur'an minangka pituduhna supados lalampahan abdi sadaya salamet dugi ka ahérat.
Ya Alloh, hapunten abdi sadaya anu masih kénéh alim disebat fanatik ku manusa saupami abdi sadaya gembleng tuhu kana ajaran Islam. Hapunten abdi sadaya anu masih kénéh sieun disebat sok alim ku manusa saupami gembleng ngamalkeun sadaya pituduh Al-Qur'an. Padahal dina haté abdi ngangken Islam téh rohmatan lil'aalamiin (kaasih pikeun sadaya alam), dina haté abdi ngangken eusining Al-Qur'an mutlak bebeneran, eusining Al-Qur'an mutlak luyu dilarapkeun dina unggal mangsa, eusining Al-Qur'an moal dugi ka kadaluarsa. Jalaran Anjeun Nu Kagungan jiwa sareng raga abdi sadaya, Anjeun Anu Maha Uninga kaayaan abdi sadaya, janten anjeun uninga naon waé anu diperyogikeun ku abdi sadaya. Sadayana nembrak pituduhna di Al-Qur'an. Anjeun ogé uninga dugi ka mana akal manusa tiasa ngahontal tur ngadamel aturan bebeneran. Jalaran kitu Anjeun maparin pituduh anu mutlak leresna kénging ngararancang Anjeun anu mutlak Maha Leres.
Ya Robb, hapunten abdi sadaya anu henteu gembleng ngamalkeun eusining Al-Qur'an jalaran sieun disebat henteu ngaragangan atanapi henteu aya toleransi ka umat agama sanésna, padahal dina Al-Qur'an sagala rupi nyampak, kalebet perkawis toleransi. Dina hadits ogé. nembrak conto toleransi anu éndah ti utusan Anjeun, Nabi Muhammad SAW.
Ya Alloh, mugia kersa ngahapunten abdi sadaya anu masih kénéh henteu tumampi kana katangtosan Anjeun jalaran abdi sadaya nyanyahoanan. Padahal Anjeun langkung uninga naon anu ku abdi sadaya diperyogikeun, éta anu ku Anjeun dipaparin.
Ya Alloh, mugia kersa ngaping abdi sadaya supados dina raraga tatahar kanggo hajat politik dugi ka prungna ulah dugi ka janten pacéngkadan, ulah dugi ka abdi sadaya masarakat janten bengkah duduluran alatan bénten pamadegan. Ulah dugi ka abdi sadaya anu ngarojong salahsawios calon pamingpin silihgeuhgeuykeun sareng silihpoyok padahal sadidintenna éta téh wargi, tatanggi, sareng réréncangan. Sanés abdi sadaya henteu nganggap penting milih calon présidén téh, nanging abdi sadaya alim dugi ka pegat silaturahmi anu balukarna tangtos awon di dunya sareng di ahérat. Padahal para calon mah teu kenaleun ka abdi sadaya. Upami abdi sadaya bengkah silaturahmi, aranjeunna teu acan tangtos bakal ngakurkeun. Padahal abdi sadaya sadidinten silihtulungan téh sareng wargi, sareng tatanggi, ogé sareng réréncangan.
Anu diperedih iwal pituduh ti Anjeun ya Robb, supados abdi sadaya tiasa milih nu pangpayusna mungguhing Anjeun. Tembrakkeun ka abdi sadaya, mana anu émutan sareng manahna luyu sareng kapalay Anjeun, jalaran Anjeun nu kagungan sadaya jiwa raga sareng sadaya eusina, Anjeun anu uninga nu nembrak tur nu nyamuni. Salajengna mugia dina sanéskanten tahapanana tiasa lumangsung kalayan tingtrim, tiis ceuli hérang mata.
Ya Alloh, mugi Anjeun kersa ngaping supados abdi sadaya teu weléh aya di jalan Anjeun. Supados nalika abdi disauran kanggo wangsul ka kalanggengan téh aya dina kaayaan husnul khotimah. Supados nalika di ahérat dikempelkeun sareng Rosululloh tur jalmi-jalmi anu soléh.
رَبَّنَا اَتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْاَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
سُبْحَانَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ وَسَلاَمٌ عِلَى الْمُرْسَلِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
ربنا تقبل دعائنا انك انت السميع العليم
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
0 Response to "TAFAKUR SARENG DU'A"
Post a Comment