TEU KÉNGING NGAHIJIKEUN BEBENERAN SARENG HAL ANU LEPAT
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ ،
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
TEU KÉNGING NGAHIJIKEUN BEBENERAN SARENG HAL ANU LEPAT
Ku: Ani Herliani
أ
وَلَا تَلْبِسُوا الْحَقَّ بِالْبَاطِلِ وَتَكْتُمُوا الْحَقَّ وَأَنْتُمْ تَعْلَمُونَ
"Jeung poma anjeun ulah nyampurkeun anu hak (bebeneran) jeung anu bathil (hal anu salah) jeung poma anjeun ulah nyumputkeun éta bebeneran padahal anjeun apal." (QS. Al-Baqoroh ayat 42).
Dina éta ayat Alloh miwarang supados urang henteu ngahijikeun antawis bebeneran anu parantos dijelaskeun ku Alloh anu nembrak tur jéntré dina Al-Qur'an sareng anu bathil (hal anu lepat) anu diaya-ayakeun ku urang minangka manusa. Urang teu kénging ngahijikeun jujur sareng bohong. Teu kénging nyamunikeun dalil-dalil Alloh anu sakedahna didugikeun pédah sieun ku dunungan, saupamina.
Hiji jalmi anu luhung élmu agamana tangtos dipiharep ngadugikeun tur nerangkeun kalayan jéntré bebeneran tur nembrakkeun béntenna sareng hal anu lepat, supados jalmi anu nuju milari pituduh téh kénging naon anu dipilarina, supados jalmi anu nuju sasab janten kénging tuduh jalan dugi ka mulih deui kana jalan anu sakedahna, sareng bakal aya waleran anu jelas tur leres ka jalmi-jalmi anu mungpang kana bebeneran.
Janten singsaha jalmi anu luhung élmu agamana anu ngajelaskeun bebeneran tur henteu ngahijikeun sareng hal anu lepat, aranjeunna kalebet warosatul anbiya nyaéta jalmi anu diwaris ku Rosul janten jalmi anu masihan pituduh kanggo umat. Sabalikna upami henteu ngalaksanakeun anu dipimaksad alias nyamunikeun bebeneran tangtos mungpang kana paréntah Alloh anu bakal dicawiskeun kanggo anjeunna siksa Mantenna. Naudzubillahi mindzalik.
Mugia urang kalebet jalmi anu henteu ngahijikeun bebeneran sareng kalepatan tur tiasa ngadugikeun bebeneran. Mugia Mantenna rido kana sanéskanten tarékah urang dina ngudag kaasih-Na. Mugia urang dikempelkeun sareng Rosululloh kalih jalmi-jalmi anu soléh di sawarga.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
0 Response to "TEU KÉNGING NGAHIJIKEUN BEBENERAN SARENG HAL ANU LEPAT"
Post a Comment