HIDAYAH
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
HIDAYAH
Ku Ani Herliani
Hidayah téh nyaéta pituduh ti Alloh kanggo midamel kasaéan, anu sumpingna langsung kana ati sanubari hiji jalmi anu dikersakeun ku Mantenna.
Aya cariosan ahli sawarga anu sinerat dina QS. Al-Arof ayat 43 anu unggelna kieu:
ٱلْحَمْدُ لِلَّهِ ٱلَّذِى هَدَىٰنَا لِهَٰذَا وَمَا كُنَّا لِنَهْتَدِىَ لَوْلَآ أَنْ هَدَىٰنَا ٱللَّهُۖ لَقَدْ جَآءَتْ رُسُلُ رَبِّنَا بِٱلْحَقِّۖ وَنُودُوٓا۟ أَن تِلْكُمُ ٱلْجَنَّةُ أُورِثْتُمُوهَا بِمَا كُنتُمْ تَعْمَلُونَ
"Sadaya puji kagungan Alloh anu parantos maparin pituduh (hidayah) ka abdi sadaya ka ieu (sawarga), abdi sadaya moal kénging pituduh saupami Alloh henteu (ngersakeun) maparin pituduh ka abdi sadaya. Saétuna rosul-rosul Pangéran abdi sadaya parantos sumping nyandak bebeneran." Dibéwarakeun ka maranéhna, "Éta téh sawarga anu geus dicawiskeun ka anjeun, lantaran anu geus dipigawé ku anjeun."
Éta kasauran ahli sawarga anu nguningakeun yén moal kénging pituduh upami Alloh henteu maparin pituduh. Éta ogé tiasa dijantenkeun du'a ku urang tawis adab urang ka Alloh.
Mangga urang imeutan deui,
ٱلْحَمْدُ لِلَّهِ ٱلَّذِى هَدَىٰنَا لِهَٰذَا وَمَا كُنَّا لِنَهْتَدِىَ لَوْلَآ أَنْ هَدَىٰنَا ٱللَّهُۖ
"Sadaya puji kagungan Alloh anu parantos maparin pituduh ka abdi sadaya ka ieu (sawarga). Abdi sadaya moal kénging pituduh saupami Alloh henteu maparin pituduh ka abdi sadaya."
Éta du'a téh enasna mah nyanggakeun tur ngawangsulkeun sanéskanten perkawis ka Alloh. Ku jalaran kitu insya Alloh haté urang bakal langkung janglar, bakal langkung panceg dina iman, tur bakal langkung mikaasih ka Alloh anu jalaran kaasih-Na parantos maparin karunia hidayah ka urang.
Upami ku urang dilenyepan, sanéskanten kajantenan dina kahirupan urang di dunya aya sabab sareng akibat. Ti dinya ku urang tiasa dibantun kacindekanana anu payus dijantenkeun dadasar, dalil sareng kalimah anu dicangreud dina ati sanubari, sapertos kieu:
Sing saha jalmi anu iman bakal dimulyakeun ku Alloh, sing saha jalmi anu midamel kasaéan bakal dipaparin wawales ku kasaéan, tur sing saha jalmi anu nyuhunkeun pangapunten ka Alloh, Mantenna bakal ngahapunten. Naon waé anu parantos dipidamel ku urang bakal wangsul deui ka urang.
Conto:
Salami ieu urang terang sodakoh téh tujuanana kanggo nulungan batur. Upami urang parantos paham, urang bakal terang yén hakékatna mah sodakoh anu nulungan urang téh. Janten urang bakal langkung sumanget kanggo ngalaksanakeunana.
Urang masihan ka batur anu meryogikeun, hakékatna mah anjeunna anu masihan jalan ka urang dugi ka urang tiasa sodakoh. Dupi sodakoh hakékatna mah éta anu nulungan urang jalaran urang janten kénging wawales 700 tikel, pangapunten kana dosa, sareng sawarga.
Wargi sadaya kaasih Alloh, hidayah téh ni'mat anu kacida luhungna. Upami teu dipaparin hidayah, panginten urang téh ayeuna henteu tiasa ngararaoskeun ni'matna Islam, henteu ngararaoskeun ni'matna janten umat Muslimin. Upami henteu gaduh hidayah urang téh bakal jarijipen kana sanéskanten seratan ngeunaan agama atanapi seratan anu ngandung ajakan kana sajatining bebeneran numutkeun Islam. Upami henteu gaduh hidayah, boa urang téh nuju teuleum dina dosa sareng ma'siat, na'udzubillahi mindzaalik. Jalaran kitu urang anu parantos dipaparin hidayah kedah kalintang sukuranana ka Alloh SWT, jalaran henteu sadayana jalmi dikersakeun dipaparin hidayah ku Mantenna.
Kumaha atuh cara ngéngingkeun hidayah saupami aya anu teu acan kénging hidayah? Lajeng kedah kumaha saupami urang parantos dipaparin hidayah? Ieu waleranana.
1. Hidayah kedah disuhunkeun.
Alloh maparin hidayah ka jalmi anu dikersakeun ku Mantenna. Janten henteu sadayana kénging hidayah. Supados hidayah dugi ka urang, urang kedah nyuhunkeun ka Mantenna.
Alloh midawuh dina Q.S Al-Qoshosh ayat 56,
إِنَّكَ لَا تَهْدِى مَنْ أَحْبَبْتَ وَلَٰكِنَّ ٱللَّهَ يَهْدِى مَن يَشَآءُۚ وَهُوَ أَعْلَمُ بِٱلْمُهْتَدِينَ
"Saéstuna anjeun (Muhammad) henteu bisa méré pituduh ka jalma anu dipikanyaah ku anjeun, tapi Alloh méré pituduh ka jalma anu dikersakeun ku Mantenna, jeung Anjeunna leuwih nyaho saha jalma-jalma anu daék narima pituduh."
Dina QS. As-Sajdah ayat 13,
وَلَوْ شِئْنَا لَءَاتَيْنَا كُلَّ نَفْسٍ هُدَىٰهَا وَلَٰكِنْ حَقَّ ٱلْقَوْلُ مِنِّى لَأَمْلَأَنَّ جَهَنَّمَ مِنَ ٱلْجِنَّةِ وَٱلنَّاسِ أَجْمَعِينَ
"Jeung lamun Kuring daék, tangtu Kuring bakal méré pituduh ka unggal jiwa, tapi geus ditangtukeun katangtuan ti Kuring "Pasti ku Kuring bakal dipinuhan naraka Jahanam ku jin babarengan jeung manusa."
2. Hidayah kedah dipilari.
Hidayah téh kedah dipilari, jalaran urang anu peryogi ku Alloh.
Dina Q.S Al-Fathir ayat 15-17,
يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ أَنتُمُ ٱلْفُقَرَآءُ إِلَى ٱللَّهِۖ وَٱللَّهُ هُوَ ٱلْغَنِىُّ ٱلْحَمِيدُ
Ayat 15. "Héy manusa! Anjeun anu butuh ku Alloh jeung Alloh téh Anjeunna anu Maha Beunghar (teu butuh nanaon) tur Maha Pinuji."
Dina Q.S Al-Fathir ayat 16
إِن يَشَأْ يُذْهِبْكُمْ وَيَأْتِ بِخَلْقٍ جَدِيدٍ
Ayat 16. "Lamun Mantenna ngersakeun, pasti bakal ngabinasakeun anjeun tur ngadatangkeun mahluk anyar (keur ngaganti anjeun)."
Dina QS. Al-Fathir ayat 17
وَمَا ذَٰلِكَ عَلَى ٱللَّهِ بِعَزِيزٍ
Ayat 17. "Jeung anu kitu teu hésé keur Alloh mah."
3. Hidayah kedah diudag.
Urang téh nuju paudag-udag sareng maot. Seueur jalmi anu sasayogian kanggo hirup anu saé nanging hilap henteu sasayogian kanggo maot anu saé. Jalaran kitu urang kedah ngudag hidayah, kedah ngudag supados urang midamel amal soléh saseueur-seueurna, ulah dugi ka kapayunan ku sumpingna ajal.
Dina Q.S Al-Munafikun ayat 10,
وَأَنفِقُوا۟ مِن مَّا رَزَقْنَٰكُم مِّن قَبْلِ أَن يَأْتِىَ أَحَدَكُمُ ٱلْمَوْتُ فَيَقُولَ رَبِّ لَوْلَآ أَخَّرْتَنِىٓ إِلَىٰٓ أَجَلٍ قَرِيبٍ فَأَصَّدَّقَ وَأَكُن مِّنَ ٱلصَّٰلِحِينَ
"Jeung inpakkeun sawaréh ti nu geus dibikeun ku Kuring ka anjeun saméméh datang ajal ka salahsaurang di antara anjeun. Tuluy manéhna nyarita (bari kaduhung),
"Nun Gusti Pangéran abdi, saupami Anjeun ngersakeun maparin waktos sakedik deui (kana maot), tangtos jisim abdi bakal sodakoh tur jisim abdi kalebet jalmi anu sholéh."
Dina QS. Al-Munafikun ayat 11,
وَلَن يُؤَخِّرَ ٱللَّهُ نَفْسًا إِذَا جَآءَ أَجَلُهَاۚ وَٱللَّهُ خَبِيرٌۢ بِمَا تَعْمَلُونَ
"Jeung Alloh henteu ngaengké-engké waktu datangna ajal hiji jalma. Jeung Alloh Maha Taliti kana naon waé anu dipigawé ku anjeun."
4. Hidayah kedah dijagi.
Satos urang kénging hidayah, urang kedah ngajagi ku cara teras-terasan ngipuk rasa iman sareng takwa tur sareng prakna ibadah. Ogé ku du'a. Jalaran upami henteu dijagi hidayah tiasa ical jalaran urang kabawa ku sakaba-kaba, teu kiat ku gogoda sétan. Sétan anu mangrupi jin sareng manusa. Kantenan di jaman kiwari, gogoda téh kalintang tohagana tur kalintang seueurna.
Dina QS. Ali Imran ayat 8,
رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِن لَّدُنكَ رَحْمَةًۚ إِنَّكَ أَنتَ ٱلْوَهَّابُ
(Maranéhna ngadu'a), "Nun Gusti Pangéran abdi, mugi teu kénging dicaketkeun haté abdi sadaya kana jalan sasar satos ku Anjeun dipaparin pituduh ka jisim abdi sareng mugi kersa maparin rohmat Anjeun, saéstuna Anjeun Maha Maparin."
Éta du'a saéna ku urang teras-terasan diaos bari leres-leres dilaksanakeun ku prakna ibadah.
Wargi sadaya kaasih Alloh, urang anu parantos nyuhunkeun, milari, sareng ngudag hidayah tur parantos kénging éta hidayah, mugia kersa ngajagi, ulah dugi ka lapur deui.
Alloh masihan iber anu matak sugema. Numutkeun Alloh jalmi anu kitu téh anu kagungan akal anu sampurna.
فَبَشِّرْ عِبَادِ الَّذِينَ يَسْتَمِعُونَ الْقَوْلَ فَيَتَّبِعُونَ أَحْسَنَهُ ۚ أُولَٰئِكَ الَّذِينَ هَدَاهُمُ اللَّهُ ۖ وَأُولَٰئِكَ هُمْ أُولُو الْأَلْبَابِ
"Ku lantaran kitu béré iber kabungah ka umat-umat Kuring anu usaha satékah polah ngadéngé rupa-rupa caritaan anu nepi ka maranéhna tuluy maranéhna milih jeung nurut ka nu pangahadé-hadéna (numutkeun hukum agama), maranéhna téh jalma-jalma anu dibéré hidayah (pituduh) ku Alloh jeung maranéhna téh jalma-jalma anu miboga akal anu sampurna."
(QS. Az-Zumar ayat 17-18)
Mugia urang sadayana kalebet jalmi anu dipaparin hidayah, anu teu weléh ngabagéakeun tur nampi rupining ajakan kana bebeneran, anu sampurna dina akal, tur anu tetep istikomah dina midamel kasaéan. Mugia Mantenna rido urang janten jalmi anu soléh anu payus janten pangeusi sawarga-Na.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

0 Response to "HIDAYAH"
Post a Comment