TAFAKUR SARENG DU'A
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
TAFAKUR SARENG DU'A
Ku Ani Herliani
الحمدُ للهِ رَبِّ العَالَمِيْن
حَمْداً شَاكِرِيْنَ حَمْدًا يُوَافِي نِعَمَهُ وَيُكَافِئُ مَزِيْدَهُ
اَللّٰـهُمَّ صَلِّ عِلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّد
اَللّهُ اَكْبَرُ
اَللّهُ اَكْبَر
اَللّهُ اَكْبَر
استغفر الله العظيم
استغفر الله العظيم
استغفر الله العظيم
الذي لااله إلا هو القيوم واتوب إليه
Nun Gusti, Pangéran abdi sadaya, anu Murbeng alam, anu kagungan sadaya jiwa sareng raga, anu kagungan hirup sareng maot abdi sadaya, anu uninga manah sareng émutan abdi sadaya, abdi sadaya gembleng sumembah mung ka Anjeun, tumut kana saneskanten katangtosan Anjeun. Danget ieu abdi sadaya seja nepangan deui, nyanggakeun pangabaktos dina sujud, dina dzikir sareng dina du'a. Éstu taya anu mustahil mungguhing Anjeun, abdi sadaya neda widi nyanggakeun bangbaluh sareng pamundut ka Anjeun.
Ya Alloh, abdi sadaya manusa éstuning tempat kaluluputan, mugia jembar pangapunten Anjeun, margi abdi sadaya moal kiat nandangan seuneu naraka, anu panasna 70 tikeleun seuneu dunya.
Ya Alloh, hatur nuhun kana saneskanten ni'mat anu parantos dipaparin ka abdi sadaya, dugi ka danget ieu abdi sadaya teu acan kantos salatri jalaran teu gaduh tedaeun, teu acan kantos dugi ka teu katutup orat jalaran teu gaduh raksukan, ogé teu acan kantos kahujanan kapanasan jalaran teu gaduh tempat ngiuhan. Abdi sadaya séhat walafiat, abdi sadaya gaduh kulawarga anu mikadeudeuh, abdi sadaya gaduh réréncangan anu mikanyaah, abdi sadaya gaduh wargi papada Muslim anu silihpikahéman tur silihdu'akeun sok sanaos teu acan kantos patepang.
Ya Alloh, saéstuna Anjeun anu pangsaé-saéna maparin panangtayungan tur Anjeun anu pangsaé-saéna maparin pitulung, mugia Anjeun kersa nangtayungan tur maparin pitulung ka abdi sadaya sareng ka umat Muslimin sadaya. Leres kakawasaan kaum Muslimin nuju héngkér jalaran kaum Muslimin henteu ngahiji. Kaum Muslimin anu digunasika sareng kaum Muslimin anu diadu domba ngabalukarkeun seueur pisan korban.
Di Paléstina rébuan murangkalih teu kagungan ibu rama, teu kagungan tempat ngiuhan da bumina parantos rata sareng taneuh ku bom, teu kagungan tuangeun, malah aranjeunna teu uningaeun naha masih kénéh bakal ningali srangéngé dinten énjing atanapi moal. Boa aranjeunna sakedap deui bakal ngiring ka sepuhna ka kalanggengan alatan bedil atanapi bom.
Di Yaman, akibat adudomba jutaan murangkalih kantun kulit sareng tulang.
Di Mali ratusan Muslimin dipergasa ku bedil atanapi diduruk hirup-hirup.
Di Filipina, di Myanmar, di Cina, danget ieu kaum Muslimin masih kénéh katideresa.
Hapunten abdi sadaya, ya Robb, abdi sadaya wargi aranjeunna henteu acan tiasa ngabantos aranjeunna, da saha atuh abdi mah, bujeng-bujeng gaduh kakawasaan, bujeng-bujeng didangu upami abdi sumanggem, abdi sadaya nembé tiasa nyanggakeun pangdu'a sareng seratan basajan. Mugia Anjeun nampi tarékah abdi sadaya, ya Robb.
Ya Alloh, geuning di antawis umat Islam ogé teu gampil kanggo ngahiji téh. Umat Islam seueur anu pakia-kia jalaran marebutkeun bebeneran. Éta téh taya sanés margi seueur anu henteu ngajantenkeun Al-Qur'an sareng hadits minangka sajatining bebeneran, henteu ngajantenkeun Al-Qur'an sareng hadits minangka papagon. Umat Islam seueur anu nganggo undang-undang kénging ngémut jalmi, padahal akal jalmi mah kawatesan, teu acan tangtos payus dilarapkeun kanggo sakumna manusa di sakuliah dunya. Padahal upami sadaya Muslimin nganggo Al-Qur'an sareng hadits janten papagon, insya Alloh moal dugi ka gétréng tur bakal sami da didadasaran iman ka Alloh sareng Rosul-Na tur sadayana miharep rido Alloh dina ngalaksanakeunana.
Ya Alloh, mugia kersa ngabantos ka abdi sadaya supados teras sumanget midamel hal anu pangsaé-saéna kanggo agama Anjeun, midamel hal anu pangsaé-saéna kanggo kulawarga, midamel hal anu pangsaé-saéna kanggo balaréa.
Ya Alloh, mugia anjeun kersa ngaping tur ngajaring abdi sadaya supados sieun kana midamel dosa tur mikaasih kana midamel amal soléh.
Ya Alloh, Anjeun uninga saéstuna manah abdi sadaya ngempel dina danget ieu téh jalaran kaasih Anjeun, tepang dina taat ka Anjeun, satékah polah micinta saré'at Anjeun. Mugia Anjeun kersa ngawewegkeun beungkeutanana, ngalanggengkeun asihna ka Anjeun. Mugia Anjeun kersa nuduhkeun jalanna, caangan ku cahaya anu teras ngempur, jembarkeun manah abdi sadaya ku tohagana iman tur ku éndahna takwa ka Anjeun. Huripkeun hirupna ku kebekna amal soléh, tur maotkeun abdi sadaya di jalan Anjeun.
Ya Alloh, mugia kersa mukprukan abdi sadaya ku karido sareng kaasih Anjeun, anu baris ngajajap abdi sadaya ngahontal sawarga Anjeun.
رَبَّنَا اَتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْاَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
سُبْحَانَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ وَسَلاَمٌ عِلَى الْمُرْسَلِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
ربنا تقبل دعائنا انك انت السميع العليم
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
0 Response to "TAFAKUR SARENG DU'A"
Post a Comment