DU'A SUPADOS DIPAPARIN PAMINGPIN ANU PANGSAÉ-SAÉNA SARENG DU'A DITEBIHKEUN TINA LICIK



السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم


DU'A SUPADOS DIPAPARIN PAMINGPIN ANU PANGSAÉ-SAÉNA SARENG DU'A DITEBIHKEUN TINA LICIK

Ku Ani Herliani

Insya Alloh énjing urang sadayana bakal milih pamingpin sareng wawakil urang di pamaréntah. Taya deui anu diseja iwal hoyong gaduh pamingpin sareng wawakil urang téh anu pangsaé-saéna, anu jujur, amanah, ngabantos urusan rahayat, sareng tangtos micinta saré'at Islam. Upami parantos micinta saré'at Islam mah tangtos aranjeunna moal ngamomorékeun éta amanat, tangtos moal ngamomorékeun urusan rahayat. Satos usaha satékah polah ngimeutan sareng ngémutan saha anu payus dipilih ku urang, salajengna urang pasrahkeun ka nu kagungan sajatining kakawasaan, Anu Maha Wijaksana, tur Anu Maha Kawasa. Kantun Anjeunna anu nangtoskeun. Mugia katangtosan Anjeunna téh anu pangsaé-saéna numutkeun Anjeunna, margi urang yakin kana kaasih Anjeunna ka bangsa sareng nagara Indonésia. Urang yakin taya nu mustahil mungguhing Anjeunna. Urang yakin Anjeunna moal ngantep bangsa sareng nagara Indonésia sakaparan-paran, seueur bebeneran anu dipungpang, seueur nganggo hukum ciptaan manusa anu malah teu tiasa nyumponan rasa kaadilan kanggo balaréa, kaawonan mangprung di unggal widang, ahlak beuki pikahariwangeun, anu leres dipahing, anu papalingpang dijujurkeun, bari angger hukum anu saur pangémutna pangsaluyuna sareng bangsa urang téh tetep teu tiasa ngahijikeun sadaya rahayat.

Hayu urang teras ihtiar, boh ihtiar dunya, boh ihtiar langit ku cara nyanggakeun du'a ka Alloh sapertos anu parantos didugikeun kamari. Nanging danget ieu mah aya tambihna nyaéta du'a mayunan anu niat licik.

1. Du'a supados kénging pamingpin anu pangsaé-saéna nu kahiji.

اللهم إني أعوذبك من إمارةِ الصبيان والسفهاء

"Ya Alloh, saéstuna abdi sadaya nyalindung ka Anjeun ti pamingpin anu bubudakeun sareng pamingpin anu bodo." (Shohéh adabul mufrod (47/66))

2. Du'a supados kénging pamingpin anu pangsaéna nu kadua.

اللَّهُمَّ لَا تُسَلِّطْ عَلَيْنَا بِذُنُوْبِنَا مَنْ لَا يَخَافُكَ فِيْنَا وَلَا يَرْحَمُنَا

"Ya Alloh, jalaran kalelepatan abdi sadaya, mugia Anjeun ulah masihan kakawasaan (masihan jabatan pamingpin) ka jalmi-jalmi anu henteu sieun ku Anjeun ka abdi sadaya (dina ngaheuyeuk), sareng henteu mikaasih ka abdi sadaya."

3. Du'a supados kénging pamingpin anu pangsaé-saéna nu katilu.

اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ وُلَاةَ أُمُوْرِنَا، اَللَّهُمَّ وَفِّقْهُمْ لِمَا فِيْهِ صَلَاحُهُمْ وَصَلَاحُ اْلإِسْلَامِ وَالْمُسْلِمِيْنَ، اَللَّهُمَّ أَعِنْهُمْ عَلَى الْقِيَامِ بِمَهَامِهِمْ كَمَا أَمَرْتَهُمْ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ أَبْعِدْ عَنْهُمْ بِطَانَةَ السُّوْءِ وَالْمُفْسِدِيْنَ وَقَرِّبْ إِلَيْهِمْ أَهْلَ الْخَيْرِ وَالنَّاصِحِيْنَ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ وُلَاةَ أُمُوْرِ الْمُسْلِمِيْنَ فِيْ كُلِّ مَكَانٍ

"Ya Alloh, mugia kersa ngajantenkeun pamingpin abdi sadaya janten jalmi anu saé. Paparin pituduh ka aranjeunna kanggo ngalaksanakeun perkawis anu pangsaé-saéna kanggo diri aranjeunna, kanggo Islam, sareng kanggo kaum Muslimin. Ya Alloh, mugi kersa ngabantos ka aranjeunna supados dina ngalaksanakeun pancénna luyu sareng anu ku Anjeun diparéntahkeun, ya Pangéran anu Murbeng alam. Ya Alloh, tebihkeun aranjeunna ti sobat dalit anu awon tur ngareksak. Ogé mugi Anjeun nyaketkeun jalmi-jalmi anu saé sareng anu masihan pituah anu saé ka aranjeunna, ya Pangéran Anu Murbeng alam. Ya Alloh, mugia kersa ngajantenkeun pamingpin kaum Muslimin janten jalmi anu saé di mana waé aranjeunna ayana."
 
Wargi sadaya kaasih Alloh, tos sababaraha dinten bruh-bréh nalonggérak kajantenan licik kapendak waktos rahayat Indonésia anu aya di mancanagara nyoblos, anu mémang dipayunkeun. Seueur keretas suara anu parantos dicoblos. Henteu mustahil kajantenan licik téh henteu mung ukur di mancanagara, kantenan di dieu panginten langkung gampil koordinasina. Upami éta kajantenan digarap kalayan lantip dirojong ku hiji kakiatan anu tohaga, tiasa janten umat kawon. Nanging urang kedah yakin, aya kakiatan ti Nu Maha Agung, ti Nu Maha Tohaga kakiatanana, anu moal tiasa kawon ku sasaha nu aya di dunya. Hayu urang aos teras-terasan ieu du'a ti kawit ayeuna dina unggal waktos atanapi dina unggal réngsé netepan dugi ka réngsé ngétang sora. Mugia Alloh meunggaskeun niat-niat sareng rarancang paripolah licik aranjeunna.

لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، لَهُ الْمُلْكُ وَلَهُ الْحَمْدُ، وَهُوَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيرٌ، اللَّهُمَّ لَا مَانِعَ لِمَا أَعْطَيْتَ، وَلَا مُعْطِيَ لِمَا مَنَعْتَ، وَلَا يَنْفَعُ ذَا الْجَدِّ مِنْكَ الْجَدُّ "

"Taya Pangéran anu wajib disembah iwal Alloh, anu nunggal tur teu aya anu nyamian Anjeunna. Kagungan Anjeunna sagala karajaan, tur kagungan Anjeunna sagala puji. Sareng Anjeunna téh Maha Kawasa kana sagala rupi. Ya Alloh, taya anu tiasa nahan tina naon rupi anu ku Anjeun dipaparin sareng taya anu tiasa maparin naon rupi anu ku Anjeun ditahan. Sareng taya mangpaat harta banda jalmi anu beunghar di payuneun Anjeun (sok sanaos mung sakedik)." (HR. Bukhari)

Mugia Alloh ngaijabah du'a urang tur ngajagi prosés milih supados teu aya anu licik. Dina ayana nu licik mugi sing kapendak tur diprosés luyu sareng hukum. Urang ogé di TPS téh kedah imeut tur waspada. Diantawisna surat suara kedah dibuka heula di luar bilik suara lajeng diparios bilih aya anu tos bolong. Upami aya nu kitu, énggal laporkeun di dinya kénéh. Upami ku urang dibukana di lebet bilik suara, upami mendak nu tos bolong lajeng dilaporkeun tangtos moal ditampi da disangki dibolongan ku urang.

Sakali deui dina waktos anu parantos samporét, hayu urang teras ihtiar dunya ku cara waspada, sareng ihtiar langit ku cara ngadu'a ka Mantenna. Mugia kaasih Mantenna teras nganteng kanggo urang bangsa sareng nagara Indonesia. Mugia ieu nagara langkung aman, rahayat langkung raharja, paripolah jalmi luyu sareng fitrahna, pameget janten pameget, istri janten istri, ogé ahlak sadaya rahayat luyu sareng conto Rosul. Mugia nagara urang baldatun toyyibatun warobbun ghofuur (nagara anu saé tur aya dina pangapunten Pangéran). Nagara saé upami teu aya pangapunten Pangéran mah di sajatining pangbalikan atanapi di nagri ahérat téh bakal sangsara. Janten sakali deui kalintang peryogina urang ku pamingpin anu micinta saré'at Islam jalaran bakal ngaping urang kana kabagjaan lahir sinareng batin di dunya rawuh di ahérat. Mugia Alloh rido naon rupi anu dipicangcam ku urang tinekanan. 

Pamungkas hayu urang ngadu'a,

"Ya Alloh anu kagungan sadaya jiwa sareng raga, anu kagungan  sadaya manah sareng émutan, anu kagungan sajatining kakawasaan, anu ngawasa sanéskanten katangtosan, abdi sadaya masrahkeun sanéskanten perkawis mung ka Anjeun, abdi sadaya tumampi kana katangtosan Anjeun. Abdi sadaya kawit ti Anjeun, bakal wangsul ka deui Anjeun, tur bakal disuhunkeun tanggel waler kana sadaya paripolah salami di dunya ku Anjeun. Abdi sadaya parantos satékah polah ngalaksanakeun tarékah milih pamingpin anu micinta saré'at Islam, anu bakal tiasa ngajajapkeun abdi sadaya kana rido Anjeun.

Ya Alloh, Anjeun anu kawasa maparin kakawasaan ka nu ku Anjeun dikersakeun, Anjeun ogé anu kawasa nyabut kakawasaan ka nu ku Anjeun dikersakeun, mugia Anjeun kersa maparin kakawasaan ka pamingpin anu nyaah ka rahayat, anu sanés ngémut kanggo kapentingan pribadi, anu baris jajap rahayat kana kabagjaan lahir sinareng batin, di dunya rawuh di ahérat."

آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DU'A SUPADOS DIPAPARIN PAMINGPIN ANU PANGSAÉ-SAÉNA SARENG DU'A DITEBIHKEUN TINA LICIK"

Post a Comment