DU'A SUPADOS KÉNGING PAMINGPIN ANU PANGSAÉ-SAÉNA
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
DU'A SUPADOS KÉNGING PAMINGPIN ANU PANGSAÉ-SAÉNA
Ku Ani Herliani
Dua dinten deui urang bakal milih calon pamingpin anu baris nangtoskeun nasib nagara sareng bangsa pikapayuneun, boh nasib di dunya, boh nasib di ahérat. Tangtos éta perkawis sanés hal anu tiasa dimomorékeun, jalaran kawijaksanaan pamingpin ageung pisan pangaruhna kana kahirupan rahayat di sagala widang, kalebet masalah agama, atikan, ahlak, ekonomi, sosial, ssjb. Urang micangcam pamingpin anu ngutamikeun agama tur micinta saré'at Islam, supados urang salamet di dunya sareng di ahérat. Upami hiji pamingpin micinta saré'at Islam, tangtos sanéskantenna bakal luyu sareng ajaran Islam anu parantos kumplit ngatur sanéskanten widang kahirupan. Sapalih jalmi masih kénéh aya anu mangmang kana ajaran Islam anu bakal tiasa dijantenkeun dadasar di nagara anu henteu sadayana Muslim. Saéstuna dina ajaran Islam aya toleransi anu kalintang éndahna anu parantos dicontokeun ku panutan umat Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Janten anu sanés Muslim ogé bakal jongjon tur ayem tengtrem. Ayeuna mangga urang sami-sami mundut pitulung ka nu pangsaé-saéna masihan pitulung, nyaéta Alloh SWT anu kawasa kana sanéskanten perkawis. Taya hiji ogé kajantenan anu luput tina kawasa Mantenna. Satos sateuacanna sim kuring ihtiar dunya sapertos umajak sangkan urang ngémutan sareng ngimeutan, ku cara muka paningal sareng pangdangu ngarah teu kalejokeun, teu kabobodo ténjo teu kasamaran tinggal dina mayunan para calon anu kedah dipilih, ogé umajak supados teu golput, ayeuna sim kuring umajak supados urang ngalaksanakeun ihtiar langit, nyaéta mundut langsung ka nu kagungan sajatining kakawasaan. Hayu urang sami-sami ngadu'a sapertos du'a anu parantos dicontokeun ku para solihin.
1. Du'a supados kénging pamingpin anu pangsaé-saéna nu kahiji.
اللهم إني أعوذبك من إمارةِ الصبيان والسفهاء
"Ya Alloh, saéstuna abdi sadaya nyalindung ka Anjeun ti pamingpin anu bubudakeun sareng pamingpin anu bodo." (Shohéh adabul mufrod (47/66))
2. Du'a supados kénging pamingpin anu pangsaéna nu kadua.
اللَّهُمَّ لَا تُسَلِّطْ عَلَيْنَا بِذُنُوْبِنَا مَنْ لَا يَخَافُكَ فِيْنَا وَلَا يَرْحَمُنَا
"Ya Alloh, jalaran kalelepatan abdi sadaya, mugia Anjeun ulah masihan kakawasaan (masihan jabatan pamingpin) ka jalmi-jalmi anu henteu sieun ku Anjeun ka abdi sadaya (dina ngaheuyeuk), sareng henteu mikaasih ka abdi sadaya."
3. Du'a supados kénging pamingpin anu pangsaé-saéna nu katilu.
اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ وُلَاةَ أُمُوْرِنَا، اَللَّهُمَّ وَفِّقْهُمْ لِمَا فِيْهِ صَلَاحُهُمْ وَصَلَاحُ اْلإِسْلَامِ وَالْمُسْلِمِيْنَ، اَللَّهُمَّ أَعِنْهُمْ عَلَى الْقِيَامِ بِمَهَامِهِمْ كَمَا أَمَرْتَهُمْ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ أَبْعِدْ عَنْهُمْ بِطَانَةَ السُّوْءِ وَالْمُفْسِدِيْنَ وَقَرِّبْ إِلَيْهِمْ أَهْلَ الْخَيْرِ وَالنَّاصِحِيْنَ يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ اَللَّهُمَّ أَصْلِحْ وُلَاةَ أُمُوْرِ الْمُسْلِمِيْنَ فِيْ كُلِّ مَكَانٍ
"Ya Alloh, mugia kersa ngajantenkeun pamingpin abdi sadaya janten jalmi anu saé. Paparin pituduh ka aranjeunna kanggo ngalaksanakeun perkawis anu pangsaé-saéna kanggo diri aranjeunna, kanggo Islam, sareng kanggo kaum Muslimin. Ya Alloh, mugi kersa ngabantos ka aranjeunna supados dina ngalaksanakeun pancénna luyu sareng anu ku Anjeun diparéntahkeun, ya Pangéran anu Murbeng alam. Ya Alloh, tebihkeun aranjeunna ti sobat dalit anu awon tur ngareksak. Ogé mugi Anjeun nyaketkeun jalmi-jalmi anu saé sareng anu masihan pituah anu saé ka aranjeunna, ya Pangéran Anu Murbeng alam. Ya Alloh, mugia kersa ngajantenkeun pamingpin kaum Muslimin janten jalmi anu saé di mana waé aranjeunna ayana."
Du'a Rosululloh kanggo pamingpin umatna.
Rosululloh kalintang mikaasihna ka umatna, dugi ka pikahareupeun umatna janten émutanana. Anjeunna palay umatna dipingpin ku jalmi anu saé, anu soléh, anu bakal tiasa ngalantarankeun sanéskanten urusan umatna janten gampil, boh urusan hirup di dunya, boh urusan anu bakal aya pangaruhna sareng ahérat. Jalaran kitu anjeunna sering ngadu'a ka Alloh SWT sapertos kieu:
اللَّهُمَّ مَنْ وَلِيَ مِنْ أَمْرِ أُمَّتِي شَيْئًا فَشَقَّ عَلَيْهِمْ فَاشْقُقْ عَلَيْهِ وَمَنْ وَلِيَ مِنْ أَمْرِ أُمَّتِي شَيْئًا فَرَفَقَ بِهِمْ فَارْفُقْ بِهِ (أحمد ، ومسلم عن عائشة)
"Ya Alloh, sing saha jalmi anu janten pamingpin dina pamarétah umat jisim abdi lajeng anjeunna ngajantenkeun sesah urusan aranjeunna, mugia sesahkeun anjeunna. sareng singsaha jalmi anu janten pamingpin dina pamaréntah umat jisim abdi lajeng anjeunna satékah polah ngabantos aranjeunna, mugi Anjeun kersa ngabantos anjeunna." (HR Ahmad-Muslim ti Aisyah).
Tina éta du'a Rosululloh, katingal wiréh aya 2 rupi pamingpin, nyaéta anu satékah polah ngabantos ngagampilkeun sanésnakanten urusan umat alias amanah sareng pamingpin anu malah ngajantenkeun sesah sanéskanten urusan umat alias hianat. Duanana didu'akeun ku Rosuululloh supados kénging wawales di dunya sareng di ahérat luyu sareng paripolahna.
Numutkeun As-Shan'ani,
"Wawales kasesah dina hadist ngawengku kasesah di dunya sareng ahérat."
Wujud kasesah anu bakal ditampi ku pamingpin anu hianat nyaéta,
{ وَمَنْ وَلِيَ مِنْهُمْ شَيْئًا فَشَقَّ عَلَيْهِمْ فَعَلَيْهِ بَهْلَةُ اللَّهِ فَقَالُوا : يَا رَسُولَ اللَّهِ وَمَا بَهْلَةُ اللَّهِ قَالَ : لَعْنَةُ اللَّهِ } رَوَاهُ أَبُو عَوَانَة فِي صَحِيحِهِ
"Jeung singsaha jalma anu mingpin maranéhna dina hiji urusan tuluy ngalantarankeun maranéhna susah, mudah-mudahan bahlatulloh pikeun manéhna."
"Para sahabat naros,
"Ya Rosululloh, dupi bahlatulloh téh naon?"
Anjeunna ngawaler,
"La'nat Alloh."
(HR Abu 'Awanah dina shohéhna. Aya dina Subulus Salam syarah hadits nomor 1.401)
Jalmi anu dila'nat ku Alloh bakal tebih tina kawelas tur kaasih Alloh. Padahal, jabatan téh amanah anu kalintang abotna. Éta pancén moal tiasa dilaksanakeun kalayan bérés saupami henteu aya bantosan sareng pitulung Alloh.
Hiji deui balukar anu bakal kasampeur ku pamingpin anu hianat di ahérat,
"Henteu diamanatan pikeun mingpin hiji kaum ka hiji jalma, tuluy maot dina kaayaan hianat ka rahayatna, diharamkeun sawarga pikeun manéhna." (HR. Bukhari-Muslim)
Sabalikna saupami hiji pamingpin satékah polah ngabantos rahayatna (anu luyu sareng saré'at), anjeunna bakal digampilkeun urusanana ku pitulung Alloh. Upami pitulungna parantos ngucur, sanéskantenna bakal gampil. Kahirupan anjeunna bakal tingtrim. Rahayat mikanyaah, Alloh mikaasih. Dina hiji dalil, upami Alloh parantos mikaasih ka hiji jalmi, rahayat langit sareng rahayat bumi bakal mikaasih. Di ahérat bakal kénging pangbagéa anu utami ti Alloh, margi anjeunna parantos lulus dina ngalaksanakeun pancén anu abot. Disebat abot téh jalaran ngaleres urusan umat alias rahayat anu seueur anu bakal disuhunkeun tanggel walerna di dunya sareng di ahérat. Hakékat disaréatkeunana aya pamingpin téh mémang kanggo ngagampilkeun urusan umat (rahayat) sanés malah nyesahkeun umat ku rupining masalah.
Wargi sadaya kaasih Alloh, sapertos kitu bacaan du'a supados urang gaduh pamingpin anu pangsaé-saéna. Hayu urang sasarengan ihtiar langit, nyanggakeun éta du'a ka Alloh kalayan husyu margi urang leres-leres peryogina. Mugia urang dipaparin pamingpin anu pangsaé-saéna numutkeun Alloh. Mugia kahirupan urang salajengna langkung tingtrim, nagara langkung aman, rahayat langkung raharja, bagja lahir sinareng batin, di dunya rawuh di ahérat.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
0 Response to "DU'A SUPADOS KÉNGING PAMINGPIN ANU PANGSAÉ-SAÉNA"
Post a Comment