TEU KÉNGING MÉLAAN NU LEPAT TUR NGAJEJELÉH NU LERES



السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم


TEU KÉNGING MÉLAAN NU LEPAT TUR NGAJEJELÉH NU LERES

Ku Ani Herliani 

Di jaman kiwari masarakat beuki gampil maos iber. Boh nu leres, boh nu teu leres. Naha geuning bet aya anu henteu leres? Ayeuna mah anu henteu leres téh sanés hal anu mustahil, jalaran tiasa janten éta padamelan jalmi anu pangangguran (heuheureuyan) atanapi padamelan jalmi anu palay mitnah nu sanés, kantenan upami nu sanés téh henteu sapagodos sareng dirina atanapi henteu luyu sareng kapalay golonganana.

Kiwari mah tiasa disebat sesah milari informasi anu langsung tiasa janten obor anu baris nyaangan jaman tur anu baris masihan tungtungan kanggo nu teu uninga téh, jalaran henteu sadayana leres. Saupami hiji jalmi nampi hiji iber teu tiasa langsung nampi, nanging kedah diémutan deui, naha éta téh leres atanapi hoax.

Kiwari hiji iber tiasa langsung disebarkeun deui ku nu maos, lajeng teras patatalépa. Upami éta seratan ngeunaan kasaéan, ngeunaan ajakan kana bebeneran tangtos hasilna bakal kasaéan deui. Nanging saupami eusina ngeunaan kaawonan hiji jalmi atanapi hiji golongan anu diserat ku hiji jalmi atanapi golongan jalaran teu sapagodos atanapi ngéwa, padahal éta iber téh teu leres alias fitnah, atuh nu ngiring nyebarkeun ogé tos ngiring ngahujat atanapi mitnah jalmi anu leres atanapi soléh.

Kiwari ogé tiasa kajantenan hiji jalmi atanapi hiji golongan toh-tohan mélaan hiji jalmi atanapi hiji golongan anu leres-leres midamel paripolah ma'siat jalaran raketna hubungan, tiasa janten éta téh sobat, sami-sami sagolongan, atanapi sami-sami sapartai.

Kiwari urang leres-leres aya di jaman anu seueur cucuk fitnah. Masarakat seueur disodoran perkawis anu sumebar dina media, anu katingalna mung dipaparin dua pilihan, panuju atanapi henteu. Upami panuju biasana teras nyebarkeun, anu hartosna ngiring nyebarkeun fitnah saupami éta iber henteu leres. Atanapi sabalikna, mungpang kana iber awon anu leres-leres kajantenan, jalaran éta ngeunaan baladna. Kumargi kitu Alloh SWT miwarang urang kedah adil tur objektif.

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواكُونُوا قَوَّامِينَ بِالْقِسْطِ شُهَدَاءَ لِلَّهِ وَلَوْ عَلَى أَنْفُسِكُمْ أَوِ الْوَالِدَيْنِ وَالأقْرَبِينَ

"Héy jalma-jalma anu ariman, poma anjeun kudu jadi jalma anu nanjeurkeun kaadilan, jadi saksi karana Alloh sanajan ka diri anjeun sorangan atawa indung bapa jeung kulawarga anjeun." (QS An-Nisa ayat 135)

Kiwari urang kedah leres-leres waspada, ulah dugi ka toh-tohan mélaan jalmi anu saleresna disebat fasik ku Alloh. Ulah dugi ka ajén inajén organisasi tumuwuh janten virus ta'ashshub ( fanatisme golongan ) anu henteu luyu sareng ajaran Islam, margi di ahérat urang bakal disuhunkeun tanggel waler kana sanéskanten cariosan sareng paripolah urang salami di dunya.

Urang teu kénging tuturut munding jalaran alesan raket, margi sadaya jalmi di dunya téh tempatna kaluluputan, iwal Nabi Muhammad SAW. Urang teu kénging tumut ka jalmi biasa kalayan nutup paningal sareng pangdangu kana kalelepatanana. Di dunya teu aya hiji jalmi ogé anu payus ngangken pangleresna iwal Alloh sareng Rosul-Na

Alloh SWT midawuh,

وَلا تَقْفُ مَا لَيْسَ لَكَ بِهِ عِلْمٌ إِنَّ السَّمْعَ وَالْبَصَرَ وَالْفُؤَادَ كُلُّ أُولَئِكَ كَانَ عَنْهُ مَسْئُولا

"Jeung poma aranjeun ulah mimilu kana naon waé anu aranjeun henteu arapal ngeunaan éta perkara. Saéatuna pangdéngé, panénjo, jeung haté, kabéhanana bakal diménta tanggung jawabna." (QS Al-Isro ayat 36)

Sabalikna, ulah dugi ka ngéwana urang ka hiji jalmi atanapi ka hiji golongan janten marga lantaran urang nyebarkeun iber fitnah atanapi bohong.

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا كُونُوا قَوَّامِينَ شُهَدَاءَ بِالْقِسْطِ
وَلا يَجْرِمَنَّكُمْ شَنَآنُ قَوْمٍ عَلَى أَلا تَعْدِلُوا اعْدِلُوا هُوَ
أَقْرَبُ لِلتَّقْوَى وَاتَّقُوا اللَّهَ إِنَّ اللَّهَ خَبِيرٌ بِمَا تَعْمَلُون     
"Héy jalma-jama anu ariman, poma aranjeun kudu jadi jalma anu teu weléh nanjeurkeun (bebeneran) karana Alloh, jadi saksi kalayan adil. Jeung poma ulah lantaran ngéwa ka hiji kaum, ngajadikeun aranjeun henteu adil. Poma aranjeun kudu adil lantaran adil téh leuwih deukeut kana takwa. Jeung poma aranjeun kudu takwa ka Alloh, saéstuna Alloh Maha Uninga naon waé anu ku anjeun dipigawé." (QS Al-Maidah ayat 8)

Wargi sadaya kaasih Alloh, urang kedah salawasna émut wiréh sanéskanten paripolah urang téh taya anu luput tina paningal Alloh sareng teu aya anu kalangkung tina panyatet Malaikat, boh anu nembrak, boh anu nyamuni. Sareng deuih Alloh téh Dzat Anu Maha Adil. Mantenna bakal masihan wawales luyu sareng anu dipidamel ku manusa, moal aya anu cocéng sakedik ogé.

فَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ خَيْرًا يَرَهُ وَمَنْ يَعْمَلْ مِثْقَالَ ذَرَّةٍ شَرًّا يَرَهُ

"Sing saha jalma anu migawé kahadéan sanajan sagedé siki zarah, tangtu manéhna bakal ningali (wawales) na. Jeung singsaha jalma anu migawé kesalahan sanajan sagedé siki zarah, ogé tangtu manéhna bakal ningali (wawales) na." (QS Az-Zalzalah ayat 7-8)

Hayu urang wangsul deui nganggo ni'mat anu ku Alloh parantos dipasihkeun ka urang, nyaéta akal sareng haté leutik bari diwuwuh ku iman sareng takwa ka Mantenna, insya Alloh urang bakal tebih tina mélaan anu midamel paripolah awon (lepat) tur ngajejeléh anu midamel paripolah saé (leres). Mugia Alloh teu weléh maparin pangaping sareng pangjaring ka urang sadayana supados salamet dina lalampahan urang enggoning wangsul ka sajatining pangbalikan, nyaéta nagri ahérat. Mugia Alloh rido urang kalebet jalmi anu soléh anu payus tumetep di tempat anu pangéndahna di ahérat.


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TEU KÉNGING MÉLAAN NU LEPAT TUR NGAJEJELÉH NU LERES"

Post a Comment