DI LUHUREUN LANGIT MASIH KÉNÉH AYA LANGIT





أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم


DI LUHUREUN LANGIT MASIH KÉNÉH AYA LANGIT

Ku Ani Herliani

Alloh SWT midawuh,

 ۗ وَفَوْقَ كُلِّ ذِي عِلْمٍ عَلِيمٌ

"Jeung di saluhureun unggal jalma anu miboga élmu pangaweruh téh aya deui anu Maha Weruh (Uninga)." (QS. Yusuf ayat 76)

Imam Hasan Al-Bashri ngahartoskeun éta ayat anu dicutat ku Ibnu Katsir dina tafsirna, nguningakeun wiréh taya jalmi anu kagungan élmu, kajabi di saluhureunana aya anu kagungan élmu deui, teras dugi ka élmu téh museur di Alloh SWT.

Di luhur langit masih kénéh aya langit, rupina éta pibasaeunana kanggo ngahartoskeun ayat nu nembé. Janten naon waé onjoyna hiji jalmi, boh élmu, harta banda, préstasi, jabatan, ssjb di tempat sanés tiasa janten aya anu langkung onjoy ti kitu. Ku urang sering kakuping atanapi katingal rékor dunya nu hiji kawon ku nu sanés ku nu langkung saé ti nu sateuacanna. Éta parantos janten sunatulloh (katangtosan Alloh).

Naon waé onjoyna atanapi unggulna urang sanés kanggo dijantenkeun adigung. Seueur atikan ngeunaan éta perkawis anu natrat sinerat dina Al-Qur'an.

Manawi urang émut kénéh ngeunaan riwayat Nabi Musa AS sareng Nabi Khidir AS. Harita Nabi Musa AS ngaraos unggul dina hal élmu pangaweruh di antawis kaumna. Anjeunna digeuing ku Alloh SWT ku ditepangkeun sareng Nabi Khidir AS. Sihoréng élmu Nabi Khidir teu kadugi ku Nabi Musa, anjeunna teu ngartos kana cara ngémut Nabi Khidir, dugi ka Nabi Khidir teu neraskeun lalampahan sareng Nabi Musa. Anjeunna mung ngajelaskeun sadaya kajantenan anu kaalaman ku aranjeunna.

Urang ogé kantos nguping riwayat Nabi Sulaiman AS, anu sadayana uninga kalihna ti Nabi téh anjeunna ogé raja anu kalintang beungharna. Hiji waktos anjeunna mundut widi ka Alloh kanggo nyuguhan sadayana mahluk nu aya di karajaanana salami sadinten. Satos diwidian anjeunna nyayogikeun tuangeun anu kalintang seueurna. Numutkeun hiji riwayat satos dijagragkeun sadayana tuangeun, panjangna sami sareng jarak lalampahan 2 sasih nganggo kuda balap, kitu deui legana sami sapertos kitu.

Satos sadayana ngajagrag, anjeunna nyauran sadayana mahluk Alloh nu aya di darat sareng di laut. Danget éta Alloh maréntah ka hiji lauk anu namina Nun supados nuang tuangeun nu ngajagrag. Taya nu nyangki mung sakedap sadayana tuangeun séép ku éta lauk. Harita kénéh Nabi Sulaiman AS sadar wiréh naon rupi anu dipimilik ku anjeunna taya nanaonna upami dibandingkeun sareng kagungan Alloh SWT Anu Maha Beunghar.

Janten kumaha waé unggulna urang dina widang naon waé, sanés kanggo adigung, kantenan dugi ka ngahina nu sanés mah, margi tos janten katangtosan Alloh wiréh di tempat sanés aya anu langkung unggul ti urang. Teras aya deui-aya deui, anu puncerna atanapi puseurna aya di Alloh SWT.

Kalintang saéna saupami unggulna urang, anu taya sanés pamasihan ti Alloh SWT, ku urang disukuran, hartosna ditampi kalayan kabingahan tur dianggo kanggo kasaéan. Kantenan upami harta banda urang tiasa dianggo amal jariyah, élmu urang tiasa dimangpaatkeun, apan éta dua ti tilu perkawis anu pahalana teras-terasan ngocor sok sanaos urang tos wangsul ka kalanggengan. Hayu urang sami-sami mangpaatkeun unggulna urang masing-masing kanggo kasaéan tur kanggo ngudag rido Alloh. Upami Mantenna parantos rido, kabagjaan dunya ahérat insya Alloh sanés mung ukur angen-angen. Mugia urang payus janten jalmi anu tiasa ngéngingkeunana.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DI LUHUREUN LANGIT MASIH KÉNÉH AYA LANGIT"

Post a Comment