Jiad Pandunga Kanggo nu Teu Damang
Jiad Pandunga Kanggo nu Teu Damang
اللّهُمَ رَبَّ النَّاسِ اَذْهِبِ الْبَأْسَ اشْفِ فَأَنْتَ الشَّافيِ لاَ شِفَاءَ إِلاَّ شِفَاؤُكَ شِفَاءً لاَ يُغَادِرُ سَقَماً
"Ya Alloh, Pangéran sadaya manusa, angkat panyawatna, damangkeun anjeunna, (mung) Anjeun anu tiasa ngadamangkeun anjeunna, teu aya damang iwal damang anu sumping ti Anjeun, damang anu moal kanceuh deui."
اَللَّهُمَّ لاَ سَهْلَ إِلاَّ مَا جَعَلْتَهُ سَهْلاً وَأَنْتَ تَجْعَلُ الْحَزْنَ إِذَا شِئْتَ سَهْل
"Ya Alloh, teu aya anu gampil iwal anu ku Anjeun digampilkeun, anu sesah tiasa dijantenkeun gampil ku Anjeun upami Anjeun ngersakeun."
Mugia anjeunna dipaparin kaihlasan tur kasabaran dina nampi cocobi panyawat.
Fibarokati Al-Fatihah,
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ (١
الْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِينَ (٢
الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ (٣
مَالِكِ يَوْمِ الدِّينِ (٤
إِيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ (٥
اهْدِنَا الصِّرَاطَ الْمُسْتَقِيمَ (٦
صِرَاطَ الَّذِينَ أَنْعَمْتَ عَلَيْهِمْ غَيْرِ الْمَغْضُوبِ عَلَيْهِمْ وَلا الضَّالِّينَ (٧
1. Kalayan nyebat asma Alloh anu Maha Welas tur Maha Asih.
2. Sagala puji kagungan Alloh, Pangéran sadaya alam.
3. Anu Maha Welas tur Maha Asih.
4. Anu ngawasa dina Poé Kiamat
5. Ngan Anjeun anu ku abdi sadaya disembah, sareng mung ka Anjeun abdi sadaya neda pitulung.
6. Mugi Gusti nuduhkeun ka abdi sadaya jalan anu lempeng.
7. (Nyaéta ) jalan jalma-jalma anu parantos dipaparin ni'mat ku Anjeun ka aranjeunna, sanés (jalan) aranjeunna anu dibenduan, ogé sanés jalan aranjeunna anu sasar.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
Mugi kersa ngaijabah, yaa Pangéran sadaya alam.
Serang: Ani Herliani- SAPAMASS UNPAD
0 Response to "Jiad Pandunga Kanggo nu Teu Damang"
Post a Comment