TUMUT KA HIJI JALMI ATANAPI KA HIJI GOLONGAN KALAYAN TEU NGANGGO ÉTANGAN



TUMUT KA HIJI JALMI ATANAPI KA HIJI GOLONGAN KALAYAN TEU NGANGGO ÉTANGAN

Ku Ani Herliani

وَإِذَا قِيلَ لَهُمُ اتَّبِعُوا مَا أَنْزَلَ اللَّهُ قَالُوا بَلْ نَتَّبِعُ مَا أَلْفَيْنَا عَلَيْهِ آَبَاءَنَا أَوَلَوْ كَانَ آَبَاؤُهُمْ لَا يَعْقِلُونَ شَيْئًا وَلَا يَهْتَدُونَ

"Jeung lamun dibéjakeun ka maranéhna: "Aranjeun kudu taat kana naon-naon anu geus diturunkeun ku Alloh," maranéhna ngajawab: "(Moal), tapi kuring ngan rék nurut kana naon anu geus katarima ti karuhun kuring saréréa." "(Naha maranéhna tetep bakal nurut), sanajan karuhunna teu apal nanaon jeung teu meunang pituduh?" (QS. Al-Baqoroh ayat 170)

Dina éta ayat diuningakeun wiréh urang kedah tumut kana naon rupi anu parantos diturunkeun ku Alloh, nyaéta Al-Qur'an. Urang kedah tumut kana eusining Al-Qur'an, teu kénging tumut ka karuhun atanapi ka saha waé anu henteu kagungan élmu tina Al-Qur'an sareng anu henteu kénging pituduh.

Jalmi anu tangtos luhung élmu Al-Qur'anna sareng kénging pituduh moal bireuk deui iwal ti Rosululloh Muhammad SAW. Ka anjeunna mah tangtos urang kedah tumut. Malah ku Alloh ogé diparéntahkeun kedah tumut.

Dina jaman kiwari éta ayat tiasa dilarapkeun kana perkawis tumut ka hiji jalmi atanapi tumut ka hiji golongan, anu sakapeung urang terang yén éta jalmi atanapi éta golongan téh teu kagungan élmu dina ajaran Islam atanapi kagungan élmuna nanging teu diamalkeun. Antukna seueur papalingpang sareng ajaran Islam. Padahal haté leutik urang yakin wiréh urang kedah tumut kana bebeneran anu parantos jéntré dina Al-Qur'an sareng hadits, jalaran urang parantos dipasihan anugrah iman ku Alloh SWT anu diantawisna iman ka Alloh, iman ka Rosululloh, iman kana kitab Alloh, sareng iman kana poé ahir anu janten tempat sanéskanten paripolah urang bakal disuhunkeun tanggel walerna. Nanging masih kénéh aya diantawis urang anu nitipkeun diri ka jalmi atanapi golongan anu sapertos kitu, padahal urang ngangken sadaya rejeki kawitna ti Alloh, urang ngangken mung Alloh anu kagungan jiwa raga urang, mung Alloh anu kagungan hirup sareng maot urang, tur mung ka Alloh urang wangsul.

Boa urang ngaraos mangpang-meungpeung, ngudag rejeki lima taunan ku cara janten nu ngarojong hiji calon bari dipaparin rejeki atanapi janten tim suksésna pisan. Urang ngaraos teu sawios-wios ngorbankeun bebeneran, engké badé ditobatan. Sakinten upami kabujeng tobat, upami henteu badé kumaha? Malaikat maut sumping teu wawartos bakal iraha. Sakinten upami tobatna ditampi, upami henteu badé kumaha? Kumaha upami dipundut téh pas pisan nuju midamel hal anu papalingpang sareng aturan Alloh? Naudzubillahi mindzaalik. Mugia urang ditebihkeun tina paripolah sapertos kitu.

Ngawiat kanggo anu kaleresan janten tim suksés, mugia kersa ngasah manah supados tiasa ningal bebeneran. Ulah dapon kénging rejeki tina éta padamelan, ningal kalepatan hiji calon anu dirojongna janten meungpeun, api-api teu uninga. Urang ngajak ka balaréa milih pamingpin anu urang terang lepat, seueur papalingpang sareng ajaran Islam, sami sareng ngagebruskeun batur. Kantenan saupami balaréa janten sangsara lahir batin jalaran salajengna éta pamingpin téh hianat, panginten urang tos midamel dosa jariah, nyaéta dosa anu patatalépa. Sing émut di dunya kénéh rejeki anu kénging tina jalan teu halal, teu tiasa dianggo masihan putra anu dipiharep janten putra anu soléh. Apan anu janten angen-angen hiji Mu'min téh tiasa reuni di sawarga sakulawarga. Carana taya sanés kedah dikeureuyeuh ti nuju di dunya kénéh, teu kénging diengké-engké.

Mugia urang teu weléh diaping ku Alloh supados teu weléh aya di jalan-Na, supados teu weléh tumut kana ajaran-Na. Mugia Mantenna rido urang kalebet jalmi soléh anu tiasa janten conto kasaéan atanapi tiasa ngajak kana kasaéan, boh ka kulawarga, boh ka balaréa.


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن



Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

0 Response to "TUMUT KA HIJI JALMI ATANAPI KA HIJI GOLONGAN KALAYAN TEU NGANGGO ÉTANGAN"

Post a Comment