BALANTIK ANU MOAL RUGI


السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم


BALANTIK ANU MOAL RUGI

Ku Ani Herliani

Infak nyaéta masihkeun sapalihna tina harta banda urang ka jalmi anu meryogikeun. Iraha waé tur ka saha waé.

Sodakoh sami waé sapertos infak, nanging sodakoh mah teu kedah ku harta banda waé, miceun cucuk di jalan, ngakurkeun jalmi anu nuju bengkah silaturrahmina ogé kalebet sodakoh.

Zakat nyaéta masihkeun sapalihna tina harta banda anu nganggo étangan nisabna. Dipasihkeun ka jalmi anu ditangtoskeun.

Zakat fitrah nyaéta masihkeun sapalih harta banda ka jalmi anu ditangtoskeun anu dipasihkeun dina dintenan Idul Fitri.

Danget ieu anu badé dibahas nyaéta perkawis infak sareng sodakoh. Kalintang seueurna ayat Al-Qur'an anu miwarang supados urang ngalaksanakeun infak atanapi sodakoh, tur sadayana matak pikabitaeun.

Alloh SWT midawuh,

يٰۤاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا هَلْ اَدُلُّكُمْ عَلٰى تِجَارَةٍ  تُنْجِيْكُمْ مِّنْ عَذَابٍ اَلِيْمٍ

"Héy, jalma-jalma anu ariman, daék lamun ku Kuring dituduhkeun hiji balantik (usaha dagang) anu bisa nyalametkeun anjeun tina panyiksa anu kacida peurihna?"
(QS. As-Shof ayat 10)

Waleranana nyaéta:

تُؤْمِنُوْنَ بِاللّٰهِ وَرَسُوْلِهٖ وَتُجَاهِدُوْنَ  فِيْ سَبِيْلِ اللّٰهِ بِاَمْوَالِكُمْ وَاَنْفُسِكُمْ ۗ  ذٰلِكُمْ خَيْرٌ لَّـكُمْ اِنْ كُنْتُمْ  تَعْلَمُوْنَ 
"(Nyaéta) aranjeun ariman ka Alloh jeung Rosul-Na jeung jihad di jalan Alloh ku harta banda jeung jiwa aranjeun. Éta leuwih hadé pikeun aranjeun lamun aranjeun apal."
(QS. As-Shof ayat 11)

Saadayana tangtos palay balantikna atanapi usahana kénging untung

Sadayana tangtos palay unggal balantikna atanapi usahana henteu mung kénging untung di dunia nanging ogé untung di ahérat

Sadayana tangtos palay unggal balantikna atanapi usahana henteu mung ukur ngahasilkeun untung materi, nanging ogé. kénging pangapunten kana dosa

Waleranana nyaéta jihad di jalan Alloh ku harta banda sareng jiwa

Dupi anu dipimaksad jihad téh nyaéta bajoang, usaha, ihtiar, kumaha carana supados urang tiasa masihan anu pangsaé-saéna kanggo Alloh, kanggo kulawarga, sareng kanggo sasama anu meryogikeun.

Alloh SWT midawuh,

اِنَّ الَّذِيْنَ يَتْلُوْنَ كِتٰبَ اللّٰهِ وَاَقَامُوا الصَّلٰوةَ وَاَنْفَقُوْا مِمَّا رَزَقْنٰهُمْ سِرًّا وَّعَلَانِيَةً يَّرْجُوْنَ تِجَارَةً لَّنْ تَبُوْرَ 

"Saéstuna jalma-jalma anu teu weléh maca Kitab Alloh (Al-Qur'an) jeung ngalaksanakeun sholat jeung nginfakkeun tina sawaréhna rejeki anu geus dianugrahkeun ku Kuring ka maranéhna kalayan rerencepan atawa bruk-brak, maranéhna téh ngarepkeun balantik anu moal rugi." (QS. Fatir ayat 29)

Wargi sadaya anu ayeuna nuju sumanget masihan infak atanapi sodakoh saleresna nuju balantik anu moal rugi sareng Alloh, jalaran anu mésér dagangan urang téh langsung Alloh tur dibayar ku rejeki dugi ka 700 tikel, ampunan dosa, sareng sawarga.

Hayu urang taros manah urang.

Naha ayeuna masih kénéh badé ngémut-ngémut deui heula kanggo infak?

Naha masih kénéh sieun kirang kanggo hirup urang upami sapalih dianggo infak?

Naha tos sugema ku infak salami ieu saupami beuki seueur anu didagangkeun ka Alloh beuki luhur pangaos dagangan urang dipésér ku Alloh?

Éta perkawis infak.  
Kantenan upami urang terang mangpaat sanésna tina sodakoh,

"Saéstuna sodakohna jalma Muslim téh bisa nambah umurna, bisa ngajauhkeun tina maot anu goréng (su'ul khotimah), Alloh bakal nyabut ti manéhna sipat adigung, fakir (sangsara) jeung nyabut sipat reueus ka diri sorangan." (HR. Thabrani).

Bismillah, hayu urang getolan deui infak sareng sodakohna. Infak atanapi sodakoh sakedik nanging mayeng langkung saé di payuneun Alloh tibatan infak atanapi sodakoh anu ageung pisan nanging langki atanapi mung sataun sakali.

Ti 'Aisyah rodhiyallohu 'anha, Rosululloh shollallohu 'alaihi wa sallam midawuh,

أَحَبُّ الأَعْمَالِ إِلَى اللَّهِ تَعَالَى أَدْوَمُهَا وَإِنْ قَلَّ

"Amalan anu pangdipikaresepna ku Allloh Ta'ala nyaéta amalan anu terus-terusan sanajan saeutik." (HR Muslim)

Amalan anu teras-terasan sanaos sakedik langkung dipikaresep ku Alloh jalaran unggal dinten kagungan étangan pahala masing-masing tur tiasa ngajagi sumanget kanggo teras taat ka Alloh. Bénten sareng upami hiji amalan dilaksanakeun kakapeungan, contona sodakoh anu ageung dina sasih siam wungkul. Kalihna kénging pahalana mung dinten éta wungkul, ogé sétan langkung gampil ngagodana anu ngajantenkeun urang beuki horéam. 

Mugia urang kalebet jalmi anu micinta kana infak, sodakoh, sareng kana amal-amal soléh sanésna. Mugia Mantenna rido kana sanéskanten tarékah urang dina miharep kaasih-Na. Mugia urang kalebet jalmi soléh anu payus nampi sawarga-Na.


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "BALANTIK ANU MOAL RUGI"

Post a Comment