HAYU URANG WAWARTOS KA ALLOH
HAYU URANG WAWARTOS KA ALLOH
Ku Ani Herliani
"Saéstuna Alloh Maha Ngadangu tur Maha Ningali." (QS. Al Hajj ayat 61)
Sakapeung urang langkung pogot ngobrol sareng réréncangan dibanding sareng Alloh. Padahal tiasa janten sakapeung éta réréncangan téh teu patos maliré, malah anteng mencrong kana HP-na atanapi mung nyebat "oh", atanapi malah tiasa janten dicarioskeun deui ka nu sanés. Nanging sanaos kitu angger wé ngobrol sareng réréncangan téh dianggap anu pangmerenahna. Padahal, aya dzat anu teu weléh satia ngadangukeun katugenah urang, aya dzat anu uninga kaayaan urang, aya dzat anu uninga naon rupi anu diperyogikeun ku urang, aya dzat anu ngartos eusining haté sareng émutan urang. Nanging sakapeung urangna anu horéam dongkap ka Anjeunna.
Leres, éta dzat téh Alloh SWT. Alloh téh pangsaé-saéna anu ngadangukeun. Dina kaayaan naon waé Alloh teu weléh nampi urang kanggo ngadangukeun. Alloh moal dugi ka api lain atanapi nyapirakeun sapertos réréncangan urang.
Urang téh sering nyarioskeun Alloh atanapi nyebat nami Alloh,sahenteuna dina netepan. Nanging urang langki nyarios atanapi wawartos ka Alloh. Urang netepan puraga tamba kadengda atanapi asal ngalaksanakeun kawajiban.
Hayu urang lenyepan ngeunaan Alloh.
Alloh SWT midawuh,
وَاِذَا سَاَ لَـكَ عِبَادِيْ عَنِّيْ فَاِ نِّيْ قَرِيْبٌ ۗ اُجِيْبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ اِذَا دَعَا نِ فَلْيَسْتَجِيْبُوْا لِيْ وَلْيُؤْمِنُوْا بِيْ لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُوْنَ
"Jeung lamun umat-umat Kuring nanya ka Anjeun (Muhammad) ngeunaan Kuring, saéstuna Kuring deukeut. Kuring ngabulkeun pameredih ti jalma anu ngadu'a lamun manéhna ngadu'a ka Kuring. Poma maranéhna kudu nyumponan (paréntah) Kuring jeung iman ka Kuring supaya maranéhna ngahontal bebeneran." (QS. Al-Baqoroh ayat 186)
Alloh téh caket, Alloh ngabulkeun du'a, saratna urang kedah ngalaksanakeun paréntah-Na, urang kedah iman, supados tiasa ngahontal bebeneran.
Alloh ngabulkeun du'a upami urang nyuhunkeun ka Mantenna. Alloh kawasa kanggo kun fayakun hartosna ngabulkeunana dina sakédét nétra. Urang ogé tangtos hoyong sanéskanten anu disuhunkeun dina du'a téh dikabul kontan harita kénéh. Padahal saéstuna Alloh palay ningal.
1. Sapertos kumaha usaha urang supados Alloh ngabulkeun du'a?
2. Upami Alloh henteu énggal-énggal ngabulkeun du'a naha urang bakal sabar atanapi malah awon panyangki ka Alloh?
3. Tiasa janten Alloh ngahaja henteu waka ngabulkeun du'a, jalaran Alloh palay ngadangu urang ngageuri nyuhunkeun dina sujud urang supados du'a urang kabulkeun.
4. Tiasa janten Alloh énggal-énggal ngabulkeun du'a jalaran palay ningal naha urang téh kalebet umat-Na anu sukur atanapi anu kufur ni'mat satos du'a urang dikabulkeun.
Alloh sering miwarang ngadu'a. Tiasa diimeutan dina sababaraha ayat Al-Qur'an. Naha nya, bet siga Mantenna anu peryogi? Padahal saéstuna urang anu peryogi ku Mantenna téh. Padahal urang anu ngaraos gaduh masalah. Padahal urang anu gaduh seueur kaperyogian sareng kahoyong.
Tiasa janten di antawis urang aya anu protés, "Salami ieu abdi tos sering ngadu'a." Leres urang sering ngadu'a, nanging naha parantos leres carana?
Boa salami ieu urang mung ukur maos du'a dina basa Arab anu parantos katalar satos netepan. Ngaguluyur lancar, henteu dilenyepan, henteu sareng manah. Boa urang henteu ngartos naon hartosna, atanapi upami terang hartosna ogé henteu nganggo manah.
Mangga urang lenyepan, upami diibaratkeun urang nepangan jalmi anu beunghar kacida anu harta bandana saparapat dunya, anu soméah tur béréhan. Urang dongkap ka anjeunna dina kaayaan kucel, kuleuheu, tur barau. Satos uluk salam éta jalmi ngabagéakeun kalayan paroman anu marahmay.
"Aéh, Euceu! Mangga ka lebet!"
Urang ukur culak-cileuk ningalian parabot, ningalan kaayaan bumina, sakapeung ningalan HP, ssjb.
"Badé aya pikersaeun naon, Ceuceu kersa rurumpaheun ka rorompok?" Nu kagungan bumi naros deui.
"Abdi hoyong mésér mobil, ogé hoyong ngoméan bumi, tapi artosna kirang, 200 juta aya teu? Énggal, nya, abdina rusuh badé ka ditu-ka dieu deui!" Sanggem urang bari ningalan jam., henteu mayun ka nu diajak nyarios.
Cobi éta jalmi nu beunghar tur soméah bakal kumaha? Upami urang anu janten éta jalmi bakal kumaha? Boa bakal nyarios kieu,
"Teu hararayang teuing méréna gé. Haling ka ditu!"
Atanapi,
"Punten, teu aya."
Atanapi,
"Hapunten, teu acan tiasa ngabantos."
Boa urang kitu ka Alloh téh. Urang ka masjid henteu ibak heula, anggoan angger tilas midamel itu-ieu. Netepan henteu husu, ngadu'a mung ngaaminkeun imam, upami du'ana lami masihan isarah ka imam ku cara nyebat aminna ditarikkeun. Atanapi sok sanaos netepan nyalira di bumi, ngadu'a nyalira di bumi, urang ngadu'a nyuhunkeun itu-ieu norostos lir kacang ninggang kajang,
"Ya Alloh, abdi hoyong naék gajih, hoyong bumi janten saé, hoyong mobil, hoyong gaduh villa, hoyong tiasa amengan ka luar negeri unggal taun, sareng hoyong pun anak réngking kahiji sadayana."
Ngadu'a kitu téh bari émutan cus-cos ka mana mendi. Dina émutan tos seueur rarancang badé ka mana tur badé kumaha, anu antukna ngadu'a téh rurusuhan, bujeng-bujeng ngalenyepan.
Upami kitu bakal kumaha anu disuhunkeun? Upami jalmi anu disuhunkeunana boa malah bakal kukulutus.
Nanging Alloh mah henteu bendu, Alloh teras miwarang urang ngadu'a deui tur tetep sayogi kanggo ngabulkeun.
Dina kituna mah tong bujeng-bujeng kana cara nyuhunkeun anu henteu payus, dalah kana kalepatan urang ogé Alloh ngahapunten saupami urang tobat. Alloh henteu ngunek-ngunek. Mantenna malah bingah saupami urang wangsul deui kana jalan anu sakedahna.
Wargi sadaya kaasih Alloh, sadayana gumantung ka diri urang. Upami urang peryogi ku pitulungna, hayu urang dongkap ka Mantenna. Hayu urang meredih ku cara ngageuri, malah ku cai soca tawis urang leres-leres rumaos kana dosa, tawis leres-leres nyuhunkeun dihapunten, tawis leres-leres peryogi ku pitulung ti Mantenna.
Mugia Alloh teu weléh merhatoskeun urang jalaran urang merhatoskeun tur ngutamikeun Mantenna. Alloh Maha Kawasa, Alloh Nu Ngawasa sadaya alam. Taya nu mustahil mungguhing Alloh. Upami Mantenna parantos ngersakeun, naon rupi anu dipicangcam ku urang baris dipasihkeun. Naon atuh anu dipicangcam ku urang téh upami sanés kabagjaan dunya sareng ahérat. Mugia Mantenna rido urang tiasa ngahontal éta perkawis.
0 Response to "HAYU URANG WAWARTOS KA ALLOH"
Post a Comment