KAUTAMAAN SODAKOH
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
KAUTAMAAN SODAKOH
Ku Ani Herliani
Kalintang seringna sim kuring nyerat ngeunaan sodakoh atanapi infak. Boa bosen panginten anu maosna ogé. Taya sanés éta téh margi hoyong teras ngémutan, jalaran sodakoh téh amal soléh anu kacida utamina. Seueur pisan mangpaatna kanggo jalmi anu midamelna.
Dupi kautamaan sodakoh diantawisna, nyaéta:
1. Kanggo anu miwarangna kénging pahala kasaéan.
"Taya kahadéan dina kalolobaanana haréwos-haréwos maranéhna kajaba haréwos-haréwos ti jalma anu nitah (manusa) méré sodakoh, atawa nitah migawé pagawéan anu hadé atawa ngakurkeun di antara manusa. Jeung singsaha waé anu migawé nu kitu lantaran néangan rido Alloh, Kuring engké bakal méré pahala anu gedé ka manéhna." (QS An-Nisaa ayat 1)
2. Didu'akeun ku Malaikat
"Taya sapoé ogé sakabéh umat anjog kana hiji isuk-isuk, kajaba aya dua malaikat anu turun. Salah sahijina nyarita, "Ya Alloh, pasihan gegentos ka jalmi anu nginfakkeun hartana." Sedengkeun nu séjénna nyarita, "Ya Alloh, binasakeun jalmi anu ngeukeuweuk hartana." (HR Bukhari-Muslim)
3. Manjangkeun yuswa, nebihkeun tina maot anu awon (maot dina kaayaan nuju midamel dosa), ngaleungitkeun tina sipat sombong, sangsara, sareng reueus ka diri nyalira.
Nabi SAW midawuh,
"Saéstuna sodakohna jalma Muslim téh bisa nambahan umurna, bisa ngajauhkeun tina maot anu goréng (su'ul khotimah), Alloh bakal ngaleungitkeun ti dirina sipat sombong, fakir (sangsara), jeung sipat reueus kana dirina sorangan." (HR. Thabrani)
4. Pahala anu ngalipet.
Alloh Ta'ala midawuh
"Saéstuna jalma-jalma anu sodakoh, boh lalaki, boh awéwé, jeung nginjeumkeun ka Alloh hiji iinjeuman anu hadé, tangtu bakal dilipetkeun (pahalana) ka maranéhna jeung pikeun maranéhna pahala anu loba." (QS. Al-Hadid ayat 18)
Alloh midawuh,
"Babandingan jalma-jalma anu nyodakohkeun harta bendana di jalan Alloh, siga (jalma anu melak) sasiki korma anu numuwuhkeun tujuh ranggeuyan jeung dina unggal ranggeuyan aya saratus siki jeung Alloh ngalipetkeun (wawales) ka jalma anu dikersakeun, jeung Alloh Maha Jembar (anugrah-Na) jeung Maha Uninga." (QS. Al-Baqoroh ayat 261)
Janten wawales kanggo nu sodakoh téh manglipet dugi ka 700 tikel.
5. Wawales anu kontan malah nembé niat tos diwales langkung gancang tibatan prakna sodakoh.
Dina hadits Qudsi (pidawuh Rosul anu dumasar kana pidawuh Alloh nanging sanés ayat), disebatkeun,
"Sing saha jalma anu boga niat pikeun sodakoh, Alloh ngawales leuwih gancang tinimbang prakna sodakohna."
6. Mupus dosa.
Nabi SAW midawuh,
"Sodakoh téh bisa mupus dosa siga cai mareuman seuneu." (HR. At-Tirmidzi)
Nanging sanés hartos dosa urang bakal langsung musna ku sodakoh sanaos henteu tobat. Urang tetep kedah tobat, tetep kedah gaduh kahoyong kanggo beresih tina dosa disarengan ku sodakoh, insya Alloh Mantenna mupus dosa urang. Mangga bandingkeun sareng jalmi anu teras-terasan midamel kasaéan kalebet sodakoh nanging teras-terasan midamel dosa atanapi henteu aya kapalay dosana dihapunten.
7. Janten amal anu teras nganteng pahalana sok sanaos urang tos maot.
Ti Abu Hurairah ra, Nabi SAW midawuh,
"Lamun anak incu Adam maot, bakal pegat sadaya amalna, kajaba tilu perkara, nyaéta sodakoh jariyah, anak anu soléh anu ngadu'akeun manéhna (Indung jeung bapakna) jeung ilmu anu mangpaat." (HR. Muslim)
8. Mareuman panasna alam kubur.
Nabi SAW midawuh,
"Saéstuna sodakoh téh bener-bener bakal bisa mareuman panasna alam kubur pikeun nu nyicinganana, jeung jalma mu'min bakal ngiuhan di handapeun kalangkang sodakohna." (HR. At-Thabrani)
9. Nebihkeun tina naraka.
Sodakoh tiasa nebihkeun tina naraka. Ngalaksanakeun sodakoh ogé teu kedah ngantosan kagungan harta banda anu lubak-libuk. Sakadada-sakadugana urang waé. Upami nembé tiasa masihan tuangeun, anggoan, mukena, sendal, atanapi naon waé anu tiasa mangpaat kanggo nu sanés, teu janten pamengan.
Nabi SAW midawuh,
"Jauhkeuun diri anjeun tina seuneu naraka sanajan ngan ku korma hiji. " (Muttafaqun 'alaih)
10. Kénging iuh-iuh di ahérat
Ti Abu Hurairah radhiallahu'anhu, Rosululloh Shallallohu'alaihi Wasallam midawuh,
عَنْ أَبِيْ هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ عَنِ النَّبِيِّ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ قَالَ : سَبْعَةٌ يُظِلُّهُمُ اللهُ فِيْ ظِلِّهِ يَوْمَ لَا ظِلَّ إِلَّا ظِلُّهُ: اَلْإِمَامُ الْعَادِلُ، وَشَابٌّ نَشَأَ بِعِبَادَةِ اللهِ ، وَرَجُلٌ قَلْبُهُ مُعَلَّقٌ فِي الْـمَسَاجِدِ ، وَرَجُلَانِ تَحَابَّا فِي اللهِ اِجْتَمَعَا عَلَيْهِ وَتَفَرَّقَا عَلَيْهِ ، وَرَجُلٌ دَعَتْهُ امْرَأَةٌ ذَاتُ مَنْصِبٍ وَجَمَالٍ ، فَقَالَ : إِنِّيْ أَخَافُ اللهَ ، وَرَجُلٌ تَصَدَّقَ بِصَدَقَةٍ فَأَخْفَاهَا حَتَّى لَا تَعْلَمَ شِمَالُهُ مَا تُنْفِقُ يَمِيْنُهُ ، وَرَجُلٌ ذَكَرَ اللهَ خَالِيًا فَفَاضَتْ عَيْنَاهُ
Ti Abu Hurairah Rodhiyallahu anhu, Nabi Shollallohu 'alaihi wa sallam midawuh,
"Tujuh golongan anu bakal diiuhan ku Alloh dina iiuh-Na dina poé anu taya iiuh kajaba iiuh-na:
(1) Pamingpin anu adil.
(2) Hiji nonoman anu mangkat sawawa bari teu weléh ibadah ka Alloh.
(3) Hiji jalma anu haténa teu weléh maskét ka masjid.
(4) Dua jalma anu silihpikaasih di jalan Alloh, duanana ngahiji karna Alloh tur misah karna Alloh.
(5) Hiji lalaki anu diajak migawé zinah ku hiji awéwé pangagung bari geulis, tuluy manéhna nyarita, "Saéstuna kuring sieun ku Alloh." Jeung
(6) Hiji jalma anu mikeun hiji sodakoh, tuluy nyumputkeun, nepika leungeun kéncana henteu nyahoeun anu diinfakkeun ku leungeun katuhuna. Jeung
(7) Hiji jalma anu dzikir ka Alloh dina kaayaan sepi tuluy manéhna ngeclakkeun cimatana. " (HR. Bukhari-Muslim)
11. Jalmi kafir anu tos maot palay mulih deui ka dunya supados tiasa sodakoh.
"Jeung infakkeun sawaréhna ti nu geus dibikeun ka anjeun saméméh datang ajal ka salah sahiji di antara anjeun, tuluy manéhna nyarita, "Nun Gusti Pangéran abdi, naha Anjeun henteu ngaengkékeun (ajal abdi) dugi ka waktos anu caket (sakedik deui) anu ngajantenkeun abdi tiasa sodakoh tur abdi kalebet jalmi anu soléh." (QS. Al-Munafikun ayat 10)
Wargi sadaya kaasih Alloh, kalintang utamina ibadah anu namina infak atanapi sodakoh téh, janten teu aya anu henteu matak ngajurung sumanget ka urang kanggo ngalaksanakeunana. Mugia urang sadayana digampilkeun rejekina, digampilkeun manahna kanggo prakna sodakoh. Mugia urang sadayana kalebet jalmi anu micinta kana sodakoh, jalaran seueur buktos di dunya kénéh jalmi-jalmi anu kénging kabagjaan satos sodakoh. Anu utami mah tangtos anu dipiharep téh kabagjaan ahérat anu langgeng anu sami waé tiasa didongkang ku sodakoh. Mugia urang sadayana kalebet jalmi anu payus dipikaasih ku Alloh tur payus janten pangeusi sawarga-Na.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
0 Response to "KAUTAMAAN SODAKOH"
Post a Comment