KEDAH AYA HIJI KEMPELAN UMAT ANU UMAJAK KANA BEBENERAN
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
KEDAH AYA HIJI KEMPELAN UMAT ANU UMAJAK KANA BEBENERAN
Ku Ani Herliani
Alloh SWT midawuh,
وَلْتَكُنْ مِنْكُمْ أُمَّةٌ يَدْعُونَ إِلَى الْخَيْرِ وَيَأْمُرُونَ بِالْمَعْرُوفِ وَيَنْهَوْنَ عَنِ الْمُنْكَرِ ۚ وَأُولَٰئِكَ هُمُ الْمُفْلِحُونَ
"Jeung poma kudu aya di antara aranjeun hiji kumpulan umat anu umajak kana kahadéan (bebeneran), nitah ngalaksanakeun kahadéan jeung mahing ngalaksanakeun kagoréngan, maranéhna téh jalma-jalma anu meunang untung." (QS. Ali Imron ayat 104)
Satos dina ayat sateuacanna QS. Ali Imron ayat 103 Alloh miwarang ngahiji dina bebeneran kalayan papagon Al-Qur'an sareng hadits Rosul, salajengna dina ayat 104 Alloh masihan uninga cara anu pangsampurnana satos ngahiji téh nyaéta kedah aya hiji golongan atanapi kempelan umat anu umajak kana bebeneran, umajak kana sagala wujud kasaéan, boh kasaéan kanggo di dunya, boh kasaéan kanggo di ahérat. Ngajurung kanggo ngalaksanakeun kasaéan tur mahing kanggo ngalaksanakeun kaawonan. Aranjeunna anu ngalaksanakeun paréntah Alloh nu sapertos kitu bakal kénging sajatining untung, nyaéta sajatining kabagjaan mungguhing Alloh.
Reueus tur reugreug kiwari seueur para ustadz sareng para kiai anu umajak kana bebeneran. Nguningakeun sanéskanten eusining Al-Qur'an sareng hadits ogé ngadadarkeun sanéskanten perkawis luyu sareng Al-Qur'an kalih hadits. Numutkeun ayat di luhur kedah aya hiji kempelan umat anu umajak kana bebeneran téh. Janten mémang umat-umat anu dipimaksad ku Alloh dipiwarang ngahiji janten hiji kempelan. Tangtos Alloh moal miwarang tambuh upami henteu aya tujuan anu saé. Upami sababaraha umat anu dipimaksad ngahiji, émutan anu sararaé ti sababaraha jalmi kanggo kamajengan umat tangtos bakal langkung sampurna. Éta émutan téh tiasa mangrupi émutan kanggo kamajengan umat, boh urusan dunya, boh urusan ahérat. Éta hal parantos dilaksanakeun ku organisasi-organisasi keagamaan di Indonésia anu ngaleres sanéskanten widang kahirupan masarakat, sapertos kanggo karaharjaan masarakat, kaséhatan, atikan, sareng agama anu utami. Aya anu parantos tiasa ngadegkeun sakola-sakola ti TK dugi ka paguron luhur, malah aya SMK-na, anu tangtos sadayana nganggo dadasar ajaran Islam. Kalihna ti éta ogé parantos ngadegkeun panti asuhan, ngadegkeun Rumah Sakit, ssjb. Mugia waé sadayana anggota organisasi panceg dina bebeneran tur teu weléh waspada kana sanéskanten tarékah anu maksad ngancurkeun Islam anu nganggo sanéskanten cara kanggo ngalaksanakeun niatna, kalebet mancalaputra-mancalaputri janten anggota.
Salajengna mugia umat Muslim sadunya ogé weweg dina organisasina, teu kénging kabobodo atanapi kabelejog ku amisna pangolo ti luar anu tiasa janten malah ngadu domba. Mugia umat Muslim sadunya teras nyongcolang dina élmu pangaweruh, dina politik, ogé dina kakiatan pribadi, sareng kakiatan umat umumna. Mugia salajengna umat Muslim mulih deui janten anu mingpin kakawasaan, margi upami Muslim anu mingpin, kaum kafir moal ngaraos ringrang. Ajaran Islam éstuning lengkep kalebet perkawis toléransi. Salami kaum kafir henteu ngagunasika, ku pamingpin Muslim tur ku kaum Muslimin umumna  tangtos bakal ditangtayungan. 
Mugia umat Muslim teras sauyunan, silihasah, silihasih, silihasuh. Silihpikanyaah, silihaping tur silihjareujeuhkeun dugi ka sadayana tiasa sasarengan dugi ka tujuan ahir hirup urang, nyaéta kabagjaan di kalanggengan.
Mugia Alloh rido kaum Muslimin sadayana pinanggih kabagjaan lahir sinareng batin, di dunya rawuh di ahérat.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

0 Response to "KEDAH AYA HIJI KEMPELAN UMAT ANU UMAJAK KANA BEBENERAN"
Post a Comment