LIMA TARÉKAH DINA MIHAREP PITULUNG ALLOH
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم
LIMA TARÉKAH DINA MIHAREP PITULUNG ALLOH
Ku Ani Herliani
Upami aya masalah sadayana jalmi tangtos ngémutan, teu aya anu cuék, kantenan bingah kaliwat saking. Teu sakedik diantawisna anu guligah dugi ka tugenah, malah tiasa janten nalangsa luyu sareng abotna masalah. Saleresna éta panyawat manah téh sumping jalaran urang henteu mendakan bongbolongan. Saleresna Alloh parantos nyayogikeun bongbolongan kanggo sanéskanten masalah.
فَإِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْرًا
"Sabab saéstuna sanggeus aya karerepet pasti aya bongbolongan." (QS. Al-Insyiroh ayat 5)
Dibahas deui dina ayat ka-6.
إِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْرًا
"Saéstuna sanggeus karerepet bakal aya bongbolongan." (QS. Al-Insyiroh ayat 6)
Dua kali Alloh nguningakeun bakat ku leres-leres bakal aya bongbolongan. Alloh parantos nyayogikeun bongbolongan nanging ku urang teu katingal, sanés teu aya. Sami sareng upami urang nuju dina mobil lajeng aya pepedut ngahalangan, dugi ka urang teu tiasa ningal jalan. Jalanna mah aya mung jalaran kahalangan ku pepedut janten teu katingal. Kitu deui perkawis bongbolongan. Naon atuh anu ngahalangan urang tina bongbolongan téh?
Saéstuna anu ngahalangan urang tina bongbolongan, anu ngahalangan urang tina pitulung Alloh, anu ngahalangan urang tina ni'mat ti Alloh téh taya sanés iwal DOSA. Éta luyu sareng pidawuh-Na anu unggulna kieu,
وَأَنِ اسْتَغْفِرُوا رَبَّكُمْ ثُمَّ تُوبُوا إِلَيْهِ يُمَتِّعْكُمْ مَتَاعًا حَسَنًا إِلَىٰ أَجَلٍ مُسَمًّى وَيُؤْتِ كُلَّ ذِي فَضْلٍ فَضْلَهُ ۖ وَإِنْ تَوَلَّوْا فَإِنِّي أَخَافُ عَلَيْكُمْ عَذَابَ يَوْمٍ كَبِيرٍ
"Jeung prak geura ménta pangampura ka Pangéran anjeun jeung prak geura tobat ka Mantenna, tangtu Mantenna bakal maparin ni'mat anu hadé pikeun anjeun nepi kana waktu anu geus ditangtukeun. Jeung Mantenna bakal maparin karunia-Na ka unggal jalma anu migawé kahadéan. Jeung lamun anjeun galideur, saéstuna Kuring hariwang anjeun bakal ditibanan siksa dina poéan anu agung (Kiamat)." (QS. Hud ayat 3)
Upami urang hoyong kénging bongbolongan tina unggal masalah, hoyong teras aya dina pitulung Mantenna, hoyong teras aya dina panangtayungan Mantenna, hoyong teras aya dina pangriksa Mantenna, hayu urang ngalaksanakeun 5 tarékah, nyaéta:
1. Manah sumerah
2. Tobat teu kendat-kendat
3. Ibadah tong gaplah
4. Hirup nyurup
5. Ihtiar motekar
Upami urang mendak masalah, mendak katugenah ti batur, ssjb. tampi kalayan ihlas lajeng sumerah tur pasrahkeun ka Mantenna. Tebihan panyangki awon, ngunek-ngunek, sareng ngéwa, naon waé alesanana. Ihlaskeun jalaran sadayana tumiba kersaning Alloh. Urang beresihan tina émutan sareng tina manah urang naon rupi anu parantos kajantenan anu matak guligah kana manah. Perkawis éta sim kuring masih kénéh teras-terasan diajar. Malah teu acan lami sim kuring masih kénéh ngaraos guligah jalaran disapirakeun ku hiji jalmi. Upami disapirakeun ku nu saluhureun sanéskantenna mah moal matak janten émutan. Nanging ayeuna mah parantos ihlas lillahi ta'ala. Moal janten guligah, boa anjeunna teu uningaeun kumaha sim kuring nu saleresna da anom kénéh. Da geuning anu tos kenal raket mah janten maskét. (Bari noél ka alumni anu sering ngobrol atanapi sering tepang. Punten janten siga nu adigung atanapi aakuanan 🙏). Sim kuring ngarobih émutan, guligah atanapi nalangsa mah saupami disapirakeun ku Alloh jalaran teu gaduh amal soléh atanapi jalaran sieun teu dihapunten dosa. Hayu urang sasarengan meresihan manah urang, sanggakeun sanéskantenna ka Alloh. Sing percanten Alloh kalintang deudeuhna ka urang. Disapirakeun ku jalmi teu janten pamengan, urang gaduh Alloh. Salahsawios buktos kadeudeuh Alloh nyaéta urang dugi ka ayeuna masih kénéh dipasihan yuswa supados urang bebenah diri, tobat, ssjb. Upami Alloh henteu deudeuh, panginten urang parantos dipundut waktos urang nuju midamel dosa. Naudzubillahi mindzaalik. Disapirakeun ku jalmi langkung saé dijantenkeun pamecut supados urang langkung nyongcolang dina kasaéan.
Anu kadua nyaéta tobat anu teu kendat-kendat. Unggal waktos urang teras-terasan tobat dugi ka urang dipundut deui ku Mantenna. Ulah dugi ka urang nyandak dosa ka ahérat. Éta pituah ogé ngémutan supados urang sieun tur nebihan tina midamel kalepatan.
Anu katilu hayu urang ibadah kalayan teu henteu gaplah (mubadir). Urang satékah polah teras ibadah, nanging ibadah anu bakal ditampi ku Mantenna, ibadah anu dilaksanakeun kalayan nganggo élmuna, ibadah anu khusyu, ibadah anu ihlas karana Alloh.
Anu kaopat hirup kedah nyurup, hartosna kedah luyu sareng aturan. Taya deui aturan anu pangsampurnana iwal aturan Anu Maha Ngatur, anu parantos dipasihkeun ka urang dina mangrupi agama Islam kalayan pituduhna Al-Qur'an bari nganggo conto anu jumeneng dina jaman harita, nyaéta Kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Salajengna anu kalima urang kedah ihtiar. Dina prakna ihtuar urang kedah motékar, teu kénging mung ngandelkeun nasib atanapi mung ngalaksanakeun hiji tarékah. Ulah dugi ka waktos taya hasil, urang janten peunggas pangharepan. Ihtiar kalayan motékar anu pinuh ku pangharepan tur saé panyangki ka Alloh. Upami ihtiar dunya teu acan kapendak, ihtiar ka Alloh ku cara wangsul deui kana ibadah. Teras ngoméan ibadah wajib sareng nyeueuran ibadah sunat. Teras netepan tobat dipungkas ku sodakoh luyu sareng kaayaan urang.
Wargi sadaya kaasih Alloh, upami urang tiasa ngeureuyeuh midamel éta tarékah tur teras-terasan dugi ka tungtung yuswa urang, insya Alloh Mantenna bakal rido maparin pitulung tur pangriksa-Na kanggo urang.
Mugia ieu seratan sasieureun sabeunyeureun tiasa ngémutan urang supados teu weléh aya dina jalan anu luyu sareng kapalay Mantenna. Mugia Mantenna rido kana kempelan urang dina ieu grup anu satékah polah dieusian ku hal anu mangpaat. Mugia wawargian urang nganteng sapapaosna anu henteu pegat dugi ka ahérat, anu henteu pegat dugi ka sawarga. Mugia Mantenna rido urang dikempelkeun sareng Rosululloh kalih ahli sawarga sanésna.
آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه
0 Response to "LIMA TARÉKAH DINA MIHAREP PITULUNG ALLOH"
Post a Comment