SASAKALA GEDANG SIKIAN



SASAKALA GEDANG SIKIAN
Ku: WHO

NU disebut timburu tèh bisa tumerap ka saha waè, kaasup ka manèhna. Sanajan jeung pamajikanana geus kayid yèn ngadegkeun rumah tangga tèh rèk didasaran ku rasa silih percaya, ari nempo urut kabogoh pamajikanana nu asalna digawè di kota pindah ka lembur mah, teu burung mindeng ngahèab ogè.
Rumasa deuih, ti saprak kawin can kungsi nyukakeun pamajikan. Da puguh pagawè handap, boro ampar bisa ngeureut neundeun, da gajih tèh ukur tiba sahuap sakopeun. Ninggang Asèp Dodoy, enya urut kabogoh pamajikanana, usahana tèh mingkin morontod waè. Na pikirna, aya kamungkinan pamajikanana bakal ngolèsèd hatè, ongkoh nepi ka kiwari Asèp Dodoy mah can diparengkeun boga pamajikan.
Pareng ditugaskeun ku kantorna dines dua poè ka luar kota, hatèna marojèngja, sok sieun sabot manèhna euweuh, pamajikanana ngadon salingkuh. Tapi dalah dikumaha, nu ngaranna tugas, angger kudu dilaksanakeun.
Poè kahiji aya di tempat tugas, manèhna nelepon.
"Enèng nuju dimana?"
"Di dapur, nuju masak,"
"Cobi sadakeun blender,"
Wrrrrrrrrrrr .... kadèngè sora blender. Hatèna reugreug.
Poè kaduana, nelepon deui.
"Enèng nuju dimana?"
"Di kandang domba,"
"Cobi èlèkètèk dombana,"
Baaaaaaa ... kadèngè sora domba disada. Hatèna beuki reugreug.
Waktu mulang, kasampak panto imahna dikonci. Terus nanyakeun ka tatanggana.
"Duka, da tos dua dinten angkatna tèh, nyanyandak blender bari ngais anak domba," ceuk tatanggana nerangkeun.

Tah kitu, sasakalana gedang sikian tèh. 😀

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SASAKALA GEDANG SIKIAN"

Post a Comment