MIKAASIH KA ALLOH



MIKAASIH KA ALLOH

Ku Ani Herliani


Ibnul Qoyyim nyarios,

"Dina manah aya raheut anu teu tiasa dikaput kajabi ku cara mayun gembleng ka Alloh."

"Dina manah aya rasa cuang-cieung anu moal tiasa ditambaan kajabi ku cara paduduaan sareng Alloh."

"Dina manah aya rasa nalangsa anu moal tiasa dipupus kajabi ku kabagjaan anu sumping jalaran wanoh ka Alloh tur ihlas dina tiap patepung lawung sareng Alloh."

"Dina manah aya tugenah anu moal tiasa tingtrim kajabi ku cara raket sareng Alloh. Miang tina guligah angkat nepangan Alloh." 

"Dina manah aya seuneu anu ngabebela (amarah) anu moal pareum kajabi ku rido kana paréntah, pamahing, sareng katangtosan Alloh kalayan sabar tur tawekal dugi ka waktosna tepang sareng Mantenna."

Urang kantos ngaraos kitu, raheut manah, cuang-cieung, nalangsa, tugenah, saréng seuneu nu ngabebela dina manah (amarah). Éta rupining panyawat manah anu landongna wanoh ka Alloh.

Cobi urang taros diri urang. Urang téh kagungan saha? Kedah baktos ka saha? Naha urang téh kagungan diri urang? Naha urang kedah baktos ka diri urang? Naha urang téh kagungan napsu urang? Naha urang kedah baktos kana napsu urang?

Mangga urang imeutan kasauran Ibnu Taimiyah,

"Kalintang sangsarana pangeusi dunya anu kaluar ti dunya bari henteu kantos ngaraosan anu pangéndahna di dinya."

"Naon anu pangéndahna di dunya téh?" Saur nu naros.

"Mikaasih ka Alloh hal anu pangéndahna di dunya téh."

Subhanalloh.

Supados urang mikaasih ka Alloh urang kedah wanoh ka Alloh. Supados wanoh ka Alloh urang kedah ngimeutan tur ngalenyepan ayat-ayat Alloh, boh ayat kauliyah (Al-Qur'an) sareng ayat kauniyah, nyaéta ciptaan Mantenna anu mangrupi alam sareng diri urang. Di dinya euyeub pisan buktos-buktos ayana Alloh sareng buktos-buktos Agung tur Kawasana Alloh.

Upami urang parantos percanten ayana Alloh, urang parantos percanten ka Alloh, hayu urang yakin ka Mantenna, teu kénging midua manah ka Mantenna. Urang sumerah tur gumantung ka Mantenna jalaran urang yakin Alloh kagungan tujuan anu saé kanggo mahlukna anu iman.

Salami ieu anu ngajantenkeun rupining panyawat manah téh jalaran urang langkung asih ka nu salian ti Alloh. Urang langkung asih ka diri urang, langkung asih kana hawa napsu urang, langkung asih ka jalmi. Ayeuna hayu urang sasarengan bebenah deui manah urang supados langkung asih ka Alloh, ngutamikeun Alloh.

Aya hiji jalmi namina Pa Rasna. Anjeunna teu damang wales. Yuswana nembé 46 taun nanging éta panyawat kaétang abot. Imunitas badan anu kedahna ngalawan sél-sél panyawat téh buta warna, hartosna teu tiasa ngabéntenkeun balad sareng musuh. Kawitna waktos aya panyawat anu teu sapira éta imun téh ngalawan musuhna. Lami-lami sadayana dilawan kalebet organ-organ anu penting. Tangtos janten seueur anu reksak. Panyawatna téh asam urat, pengapuran, jantung, darah tinggi, ssjb. Upami tos kanceuh anjeunna ngaraos nyeri anu taya papadana. Anjeunna ripuh ku panyawat, ogé sieun maot.

Dina hiji wengi anjeunna ngimpén ngobrol sareng hiji waruga, nanging éta waruga téh diri anjeunna kénéh.

"Héy, naha anjeun bet sieun maot?"
"Margi teu acan siap."
"Naha bet teu acan siap? Boa margi henteu tatahar tur henteu bebekelan kanggo mayunan hirup saatos maot."
"Sigana mah kitu."
"Naha anjeun henteu sieun tetep teu damang anu antukna bakal tetep maot dina kaayaan tetep sieun?"
"Sieun."
"Anjeun palay leungit éta kasieun?"
"Hoyong."
"Geura mayun ka Alloh."

Waktos disebat nami Alloh Pa Rasna ngoréjat gugah. Anjeunna ngahuleng ngémutan anu cikénéh kajantenan. Salami ieu anjeunna ogé ngadu'a ka Alloh nanging dina manahna henteu yakin. Anjeunna gembleng percanten kana landong medis.

Satos ngahuleng, anjeunna nyindekkeun, boa ieu cukang lantaran kanggo damangna panyawat. Saterasna anjeunna panceg badé ngahudangkeun deui sumanget, badé muka deui pangharepan anu gembleng disanggakeun ka Alloh SWT.

Anjeunna nyuhunkeun bantosan istrina diajar netepan kanggo jalmi anu teu damang. Satos netepan nu munggaran, anjeunna ngadu'a ka Alloh, anu hasilna anjeunna ngaraos tingtrim. Teu acan damang nanging ngaraos tingtrim. Éta ogé kalintang pentingna jalaran saur médis hiji jalmi saupami palay énggal damang kedah damang heula jiwana.

Pa Rasna sabar tur ihlas nampi panyawat. Ditambih sumanget sareng gembleng pasrah ka Alloh. Anjeunna ogé milari hikmah dina ayana panyawat. Anjeunna tumampi wiréh dina teu damang aya kaasih Alloh, dina teu damang aya dosa-dosa anu dipupus.

Salajengna anjeunna malah mundut ka Alloh ulah waka didamangkeun satungtung dosa-dosana teu acan dipupus sadaya. Subhaanalloh.

Anjeunna teras ngadu'a bari ageung pangharepan jalaran percanten kana kakawasaan Alloh, percanten Alloh baris masihan anu pangsaé-saéna. Lami-lami anjeunna beuki damang, teras beuki damang. Alhamdulillah.

Tina éta kajantenan mugia janten itibar kanggo urang. Supados teu aya panyawat manah anu tiasa janten ngabalukarkeun panyawat badan. Atanapi panyawat manah anu dibalukarkeun ku panyawat badan sapertos Pa Rasna. Taya sanés urang kedah mémérés diri sareng manah urang supados luyu sareng aturan Alloh. Percanten kana kakawasaan Alloh. Mémérés diri ku éndahna iman, ku ibadah, ku dzikir, ku du'a sareng ku tawekal ka Alloh.

Mugia urang gaduh kaasih ka Alloh sapertos kaasih Pa Rasna, anu tiasa ngarobih kasieun janten pangharepan, malah teras janten kabagjaan. Mugia Alloh langkung mikaasih ka urang. Ku kaasih-Na insya Alloh bagja dunya sareng ahérat sanés mung ukur angen-angen.


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MIKAASIH KA ALLOH"

Post a Comment