TAFAKUR SARENG DU'A




TAFAKUR SARENG DU'A
Ku: Ani Herliani

 الحمدُ للهِ رَبِّ العَالَمِيْن
 حَمْداً شَاكِرِيْنَ حَمْدًا يُوَافِي نِعَمَهُ وَيُكَافِئُ مَزِيْدَهُ

اَللّٰـهُمَّ صَلِّ عِلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى أٰلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّد

اَللّهُ اَكْبَرُ
اَللّهُ اَكْبَر
اَللّهُ اَكْبَر
استغفر الله العظيم
استغفر الله العظيم
استغفر الله العظيم
الذي لااله إلا هو القيوم واتوب إليه

Ya Alloh, danget ieu abdi sadaya nepangan deui, seja sumujud dina netepan, dina dzikir, sareng dina du'a.

Ya Alloh Anu Maha Ngahapunten, abdi sadaya seja meredih pangapunten Anjeun tina samudayaning kalelepatan, boh nu alit, boh nu ageung, boh nu nyamuni, boh nu nembrak, boh nu awal, boh nu ahir dugi ka abdi sadaya dipundut deui ka kalanggengan.

Alhamdulillah ya Robb, dinten ieu abdi sadaya digugahkeun deui, hartosna abdi sadaya masih kénéh dipercanten gaduh yuswa, masih kénéh dipasihan waktos kanggo bebenah diri luyu sareng kapalay Anjeun, masih kénéh dipasihan waktos kanggo tobat, masih kénéh dipasihan waktos kanggo ngempelkeun pahala sampeureun jaga di ahérat.

Ya Alloh, alhamdulillah abdi sadaya parantos dipaparin ni'mat séhat, ni'mat iman, ni'mat Islam, ogé dipaparin ni'mat hidayah. Jalaran hidayah ti Anjeun abdi sadaya kersa teras-terasan nyuprih élmu agama. Jalaran hidayah ti Anjeun abdi kersa maos seratan nu ngandung élmu agama. Margi upami sanés ku hidayah ti Anjeun tangtos abdi horéam maosna, ya Robb. Upami sanés hidayah ti Anjeun tangtos ku abdi bakal langsung diclearchat, ya Robb. Alhamdulillah, ya Alloh.

Ya Alloh, hapunten upami abdi sadaya teras-terasan barangsuhunkeun. Abdi sadaya teu gaduh kaisin nyuhunkeun dikabulkeun sanéskanten anu dipicangcam, nyuhunkeun dilancarkeun sanéskanten urusan, nyuhunkeun dibereskeun sanéskanten masalah, nyuhunkeun dilunaskeun sambetan upami aya nu gaduh sambetan, ssjb. Abdi teras-terasan nyuhunkeun anu pangsaéna ti Anjeun padahal abdi sadaya teu acan masihan anu pangsaéna ka Anjeun. Netepan abdi sakapeung masih kénéh teu acan husyu, jalaran émutan tos kana garapeun salajengna, padahal Anjeun nuju mayunan kalayan pinuh ku kadeudeuh. Sodakoh abdi masih kénéh étangan jalaran sieun teu cekap kanggo hirup, padahal dina 49 ayat Anjeun ngajamin bakal ngagentos ku kasaéan dugi ka 700 tikel atanapi ku sawarga.

Ya Robb, hapunten abdi sadaya anu masih kénéh hilap kanggo sukur, padahal abdi sadaya masih dipaparin yuswa, abdi sadaya dipaparin séhat, abdi sadaya dipaparin anggota badan anu lengkep, dipaparin tempat kanggo ngiuhan, masih kénéh tiasa neda, masih kénéh jongjon ibadah. Kedahna abdi sadaya ningal jalmi anu teu damang di Rumah Sakit, kedahna abdi ningal jalmi anu teu kagunganeun tuangeun atanapi sakapeung tuang sakapeung henteu. Kedahna abdi ningal kaum Muslimin anu henteu tiasa ibadah atanapi dipaksa tur disiksa supados henteu ibadah jalaran aya dina pangawasa kaum kafir. Ya Robb, mugia kaasih Anjeun kanggo abdi sadaya teras-terasan ngocor kanggo nyekapan sanéskanten ni'mat anu nembé.

Ya Alloh, mugi kersa ngémutan abdi sadaya supados henteu tambélar tur teras nyaah ka sepuh, ka wargi, sareng ka tatanggi. Ulah dugi ka aranjeunna sangsara ari abdi lubak-libuk atanapi abdi cekap. Émutan abdi sadaya supados henteu kaleuleuwihi dina ngabalanjakeun rejeki ti Anjeun, margi dina sapalihna aya hak murangkalih yatim, aya hak fakir miskin, sareng nu sanésna, abdi sadaya anu janten cukang lantaran sumpingna rejeki kanggo aranjeunna.

Ya Robb, mugi kersa teras ngaping émutan abdi supados teras aya dina bebeneran. Mugia kersa maparin kajembaran émutan kanggo nampi élmu anu baris janten damar enggoning nikreuh lumampah mayunan ahérat.

Ya Alloh, di jaman kiwari seueur pisan jalmi pada-pada nongtoréng nyoara, mugia kersa ngaping abdi sadaya supados teu kacandakeun. Ulah dugi ka abdi sadaya padu tiasa nongtoréng nyoara bari teu nganggo élmu anu antukna abdi sadaya janten lepat. Ulah dugi ka abdi sadaya anu teu acan tiasa mélaan Islam aya di jajaran jalmi anu ngajejeléh Islam. Ulah dugi ka ku paripolah abdi sadaya, nami Islam janten reksak.

Ya Alloh, mugi kersa ngémutan abdi sadaya wiréh Islam téh ni'mat anu luhung taya babandinganana. Abdi sadaya kantun tumut kana ajaranana anu parantos dicontoan ku Kangjeng Nabi Muhammad SAW, teu kedah galideur, teu kedah ngarérét ka nu sanés, jalaran Alloh anu nyiptakeun diri abdi sadaya uninga naon anu payus kanggo abdi sadaya, janten Alloh masihan anu pangsampurnana kanggo abdi sadaya.

Ya Alloh, émutan abdi sadayana wiréh ni'mat anu pangagungna téh nyaéta gaduh Pangéran Anjeun. Émutan abdi sadaya wiréh hal anu pangéndahna di dunya téh mikaasih Anjeun. Kaasih Anjeun tan wates wangen. Abdi sadaya midamel kalepatan, Anjeun sayogi ngahapunten saupami abdi sadaya tobat, abdi sadaya gaduh kahoyong Anjeun sayogi ngabulkeun saupami abdi nyuhunkeun dina du'a. Éndah taya papadana waktos patepang dina tahajud, waktos abdi sadaya juuh ku sisoca, Anjeun neuteup kalayan deudeuh. Waktos abdi sumegruk dina sujud, panangan Anjeun lir ngusapan. Hatur nuhun, ya Robb. 

Ya Alloh, mugia kersa ngémutan abdi sadaya kana sanéskanten perjuangan Kangjeng Nabi anu kacida abotna. Abdi sadaya mah kantun ngalaksanakeun. Émutan abdi sadaya waktos anjeunna di Thoif dibalédogan ku batu ku kaum kafir. Getih baloboran henteu ngajantenkeun anjeunna ngarasula. Malaikat anu ngaraos hawatoseun miwarang Nabi mundut widi ka Alloh supados Malaikat ngajungjungkeun tur ninggangkeun gunung ka urang Thoif. Nanging Rosululloh ngawagel. Saurna urang Thoif mung teu acan uningaeun ngeunaan bebeneran.

Upami Nabi Nuh ngaraos taak mayunan umatna anu teu kersaeun iman ka Alloh mundut sangkan umatna diséépkeun supados digentos ku umat anu énggal, Nabi Musa mundut supados urusanana digampilkeun,  Nabi Muhammad mah malah nyarios ka Alloh, "Ya Alloh, salajengna jisim abdi badé dipiwarang ka mana deui? Naha bakal dijajapkeun ka tempat anu caket tur bakal dikaniaya deui? Atanapi ka tempat anu tebih anu kedah disorang ku jisim abdi tur bakal dihina deui? Abdi rido ya Robb, abdi rido. Asal abdi teu kénging dibenduan ku Anjeun, ya Robb, asal abdi teu kénging dibenduan." Subhanalloh.

Ya Alloh, abdi sadaya mah masih kénéh nalangsa saupami disapirakeun ku batur, abdi sadaya masih kénéh ngeclakkeun sisoca saupami dikaniaya ku batur, padahal kedahna abdi sadaya ngaraos nalangsa téh saupami disapirakeun ku Anjeun jalaran teu aya amal abdi sadaya anu katingal ku Anjeun, padahal kedahna abdi ngeclakkeun cisoca téh jalaran sieun henteu dihapunten dosa ku Anjeun. Ya Alloh, mugi kersa teras ngémutan abdi sadaya kana saneskanten paripolah Kangjeng Nabi anu sadayana éstu sajatining tuladeun.

Ya Robb, mugia kersa ngaping tur ngajaring abdi sadaya supados tetep panceg dina iman sareng takwa, supados panceg dina bebeneran, supados panceg dina midamel kasaéan.

Ya Robb, mugia Anjeun rido abdi sadaya dikempelkeun sareng Rosululloh, sareng para thoyyibin, sareng para syuhada, ogé sareng para solihin di sawarga.

رَبَّنَا اَتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْاَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ

 سُبْحَانَ رَبِّكَ رَبِّ الْعِزَّةِ عَمَّا يَصِفُوْنَ وَسَلاَمٌ  عِلَى الْمُرْسَلِيْنَ وَالْحَمْدُ للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

ربنا تقبل دعائنا انك انت السميع العليم


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TAFAKUR SARENG DU'A"

Post a Comment