RÉNCANG



السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم


RÉNCANG

Ku Ani Herliani

Jenengan Nabi Musa téh jenengan Nabi anu pangseringna disebat dina Al-Qur'an, malah langkung sering tibatan jenengan Nabi Muhammad SAW. Urang terang wiréh Nabi Musa kantos ngereles ti karajaan tur kaluar ti Mesir, satos ningal anu nuju gelut tur anjeunna neunggeul jalmi anu sanés ti bangsana. Anjeunna sapertos ngabantosan jalmi anu sabangsana. Kawitna mung ukur neunggeul, anjeunna henteu nyangki yén éta jalmi bakal teras maot. Jalaran sieun dibenduan ku Fir'aun anu janten rama kukutna, anjeunna ngereles angkat.

Hiji waktos Alloh nembrakkeun kakawasaan Anjeunna dugi ka Nabi Musa uninga tur yakin ayana Pangéran. Harita Alloh maréntah ka anjeunna kanggo mulih deui ka Mesir tur da'wah ka Fir'aun. Kawitna Nabi Musa ngaraos seunggah, isin tur sieun margi émut kana kajantenan anu parantos karandapan. Kantenan anjeunna kirang perténgtang dina nyarios jalaran waktos nuju orok kantos ngajenggut janggot Fir'aun, anu méh-méhan ngajantenkeun Fir'aun bendu kaliwat saking. Alloh Maha Kawasa nangtayungan Musa ku cara Musa sina milih ruhak hurung anu teras dihuapkeun minangka tuangeun anjeunna. Harita ilatna kaduruk anu ngajantenkeun cumariosna janten balélol. 

Nabi Musa ngaraos kalintang paur tur sieunna nepangan Fir'aun téh, kantenan bari kedah da'wah, ngajak iman ka Alloh, Pangéran sadaya alam, padahal Fir'aun ngangken dirina Pangéran. Nya Anjeunna nyuhunkeun pitulung ka Alloh ku du'a,

قَالَ رَبِّ اشْرَحْ لِي صَدْرِي وَيَسِّرْ لِي أَمْرِي  وَاحْلُلْ عُقْدَةً مِنْ لِسَانِي  يَفْقَهُوا قَوْلِي

"Musa nyarios, "Nun Gusti Pangéran abdi, jembarkeun kanggo jisim abdi manah jisim abdi, tur gampilkeun kanggo jisim abdi urusan jisim abdi, luputkeun kasesah tina lisan jisim abdi, supados aranjeunna ngartos cariosan jisim." (QS. Thoha ayat 25-28)

Nabi Musa ngaraos yakin satos anjeunna sumerah nyanggakeun urusan kana pitulung Alloh, nanging perkawis cara nyarios anjeunna anu bénten ti nu sanés ngajantenkeun anjeunna ngaraos henteu PD. Jalaran kitu anjeunna nyuhunkeun réncang ka Alloh kanggo ngabantos dina cumarios. Alloh miwarang anjeunna ngajak Nabi Harun janten réncangna. Nabi Musa panuju jalaran Nabi Harun percéka tur dina cumarios ogé perténgtang. Jalaran diréncangan ku Nabi Harun, Nabi Musa janten langkung PD.

Kumaha waktos pependak sareng Firaun? Horéng Nabi Harun tiasa disebat teu cumarios pisan. Anu nyarios tetep Nabi Musa. Upami kitu mah Nabi Harun henteu aya bantosanana atuh? Tetep aya, ku ayana Nabi Harun, Nabi Musa janten langkung PD.

Nabi Musa yakin ka Alloh, nanging tetep peryogi batur minangka réncang. Éta mémang wajar, alami, tur manusiawi (Hatur nuhun ka Ustadz Nouman Ali Khan anu parantos ngajelaskeun éta perkawis).

Kitu deui urang dina hirup sadidinten. Urang peryogi ku 'Nabi Harun' anu baris janten réncang urang. Tiasa janten 'Nabi Harun' kanggo urang mah mangrupi istri, carogé, atanapi sobat. Ku ayana aranjeunna, urang janten PD, boh dina nyarios, dina midamel hiji perkawis anu henteu biasa, ssjb, atanapi dina usaha satékah polah méréskeun masalah. Ku ayana aranjeunna hirup asa karaos langkung hampang.

Wargi sadaya kaasih Alloh, mugia urang gaduh 'Nabi Harun' urang nyalira. Mugia urang tiasa ngajagi aranjeunna supados tetep aya tur teras masihan pangdorong sumanget kanggo urang. Mugia ayana aranjeunna tiasa janten pangjurung kanggo urang dina ngahontal kasaéan dunya sareng ahérat.


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

0 Response to "RÉNCANG"

Post a Comment