HIJRAH



السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم

HIJRAH

Ku Ani Herliani

Teu karaos urang parantos dugi deui kana taun anyar Hijrah. Taun Hijrah téh dikawitan ku kajantenan hijrahna Nabi Muhammad ti Mekah ka Madinah, jalaran urang Mekah parantos nutup diri kana sumpingna hidayah, janten léngkah Kangjeng Nabi kanggo da'wah parantos kateug. Di Madinah mah kasempetan kanggo da'wah seueur tur pamaréntah Islam tiasa janten bakal nanjeur kalayan lungsur-langsar.

Upami urang ngimeutan eusining Al-Qur'an, horéng para Nabi sareng Rosul nu sanés ogé aya anu hijrah, diantawisna, nyaéta:

1. Nabi Ibrohim alihi sallam.

Ngeunaan hijrah Nabi Ibrahim, aya 2 rupi pamendak:

(1) Aya nu nyarios wiréh anjeunna ti Irak téh hijrah ke Mekah.
(2) Aya ogé nu nyarios hijrahna ka Syam, Jerusalem di Palestina.

Mémang anjeunna angkat ka dua tempat, nanging naha ka Mekah heula atanapi ka Syam heula, mung Alloh anu uninga.

Nabi Ibrohim hijrah ngantunkeun nagarana tur ngantunkeun cara ibadah kaumna anu papalingpang sareng bebeneran.

Ngeunaan hijrahna Nabi Ibrohim tiasa dipaluruh dina:

1. QS. Al-Ankabut ayat 26
2. QS. Ash-Shaffat ayat 99
3. QS. Maryam 48

2. Nabi Musa alihi sallam.

Bénten sareng hijrah Nabi Ibrahim kalih Nabi Muhammad, Nabi Musa hijrah waktos teu acan diangkat janten Rosul. Harita anjeunna hijrah satos misah nu gelut tur mélaan jalmi anu sabangsa sareng anjeunna, antukna teu ngahaja urang Qibthi anu janten lawanna dugi ka henteuna. Harita Nabi Musa hijrah ti Mesir ka Madyan kanggo nebihan bebendon Fir'aun anu parantos kakoncara telengesna.

Ngeunaan hijrahna Nabi Musa tiasa dipaluruh dina:

1. QS. Al-Qoshosh ayat 20
2. QS. AS-Syu'aro ayat 21

Nabi nu sanésna ogé aya nu hijrah, sapertos Nabi Ya'qub, Nabi Yusuf, ssjb.

Hijrah téh kalihna ti ngalih tempat, ogé ngalih tina hal-hal anu awon ka nu saé, tina ma'siat kana taat, tina kaayaan anu seueur karerepet kana kaayaan anu matak sugema, tina kaayaan anu rupek ka nu lalugina, tina kakayaan anu poék mongkléng ka nu caang narawangan, tina kaayaan anu sesah kanggo ngajalankeun ibadah kana kaayaan anu laluasa kanggo ngajalankeun ibadah tur ngaraketkeun diri ka Alloh.

Alloh parantos maparin jaminan ka nu hijrah di jalan Alloh.

وَ مَنْ يُهاجِرْ في‏ سَبيلِ اللَّهِ يَجِدْ فِي الْأَرْضِ مُراغَماً كَثيراً وَ سَعَةً وَ مَنْ يَخْرُجْ مِنْ بَيْتِهِ مُهاجِراً إِلَى اللَّهِ وَ رَسُولِهِ ثُمَّ يُدْرِكْهُ الْمَوْتُ فَقَدْ وَقَعَ أَجْرُهُ عَلَى اللَّهِ وَ كانَ اللَّهُ غَفُوراً رَحيماً

"Singsaha jalma anu hijrah di jalan Alloh, tangtu maranéhna di ieu bumi bakal manggih tempat hijrah anu lega jeung rejeki nu loba. Singsaha jalma anu kaluar ti imahna kalayan maksud hijrah ka Alloh jeung Rosul-Na, tuluy manéhna maot (saméméh nepi ka tempat nu dituju), saéstuna geus nyampak pahalana mungguhing Alloh. Jeung Alloh téh Maha Ngahampura jeung Maha Asih." (QS. An-Nisa ayat 100).

Alloh SWT ogé midawuh,

1 وَالَّذِينَ هَاجَرُوا فِي اللَّهِ مِنْ بَعْدِ مَا ظُلِمُوا لَنُبَوِّئَنَّهُمْ فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً ۖ وَلَأَجْرُ الْآخِرَةِ أَكْبَرُ ۚ لَوْ كَانُوا يَعْلَمُونَ

"Jeung jalma-jalma anu hijrah karna Alloh sanggeus maranéhna dikaniaya, pasti ku Kuring maranéhna bakal dibéré tempat anu alus di dunya. Jeung saéstuna pahala di ahérat leuwih gedé, lamun maranéhna arapal." (QS. An-Nahl ayat 41)

Alloh SWT ngajangjikeun tempat anu saé tur lega sareng gampilna rejeki kanggo jalmi anu hijrah kalayan ihlas, hijrah dina raraga ta'at ka Alloh sareng Rosul-Na, ogé upami hijrah satos dikaniaya.

Upami salami ieu urang masih kénéh milari pangupa jiwa dina jalan anu henteu halal, urang kedah hijrah. Urang teu kénging hariwang rejeki janten sesah. Upami urang ngantunkeun éta garapan dina raraga tumut ka Alloh sareng ka Rosul-Na, Alloh parantos ngajamin rejeki anu seueur.

Kitu deui upami urang masih kénéh midamel kalepatan sanésna, urang kedah émut wiréh ajal sumping tiasa iraha waé, janten urang kedah gura-giru hijrah, robih janten taat kana sadaya paréntah-Na, teu kénging dipilihan anu raos numutkeun napsu duniawi. Urang ogé kedah nebihan sadaya anu diwagel ku Mantenna, teu kénging dipilihan anu teu raos numutkeun napsu duniawi wungkul.

Upami urang parantos hijrah, nanging teu acan dugi ka tempat anu dituju, urang parantos wangsul ka kalanggengan, Alloh parantos nyayogikeun pahalana. Upami urang parantos hijrah kana sagala rupi hal anu luyu sareng aturan Alloh sok sanaos nembé sakedap lajeng pupus, Alloh parantos nyayogikeun pahalana.

Wargi sadaya kaasih Alloh, hayu urang sami-sami hijrah. Upami kaayaan urang parantos genah tumaninah tur henteu papalingpang sareng ajaran Islam di padumukan urang, hartosna teu kedah hijrah lahir. Perkawis hijrah batin, mung manah urang masing-masing anu terang sakumaha daruratna tur kedah gura-giruna urang hijrah. Upami urang masih kénéh kabeungkeut pisan ku hal-hal duniawi dugi ka hal-hal kanggo ahérat kahihilapkeun, hartosna urang kedah gura-giru hijrah. Insya Alloh upami tos teu ngaraos kabeungkeut ku hal-hal duniawi mah dina ngalaksanakeun paréntah-paréntah Alloh ogé moal ngaraos abot. Salajengna insya Alloh urang bakal teras aya dina kaayaan taat ka Alloh, rejeki urang bakal lancar, sareng hirup urang bakal teu weléh tingtrim.

Mugia urang tiasa janten jalmi anu ngutamikeun urusan ahérat tur ngutamikeun rido Alloh. Mugia Mantenna ngersakeun urang kénging kabagjaan lahir sinareng batin, di dunya rawuh di ahérat.

آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "HIJRAH"

Post a Comment