KANYAAH MALAIKAT KA JALMI ANU IMAN



لسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهi

أَعُوذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِ

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْم


KANYAAH MALAIKAT KA JALMI ANU IMAN

Ku Ani Herliani

Kalintang ageung milikna jalmi anu iman mah, para Malaikat ogé kalintang ageung perhatosan tur ageung kanyaahna ka aranjeunna mah. Satos sateuacanna dibahas ngeunaan Malaikat anu ngaaminkeun du'a kaum Mu'minin anu ngadu'akeun wargina bari wargina teu uningaeun sareng Malaikat ogé ngadu'akeun hal anu sami kanggo jalmi anu ngadu'akeun, persis sareng anu dipimaksad dina du'a kanggo wargina téa, ayeuna badé dibahas ngeunaan wujud sanésna tina kanyaah Malaikat ka kaum Mu'minin.

Wujud kanyaah Malaikat ka kaum Mu'minin di antawisna, nyaéta:

1. Mundut pangapunten kanggo kaum Mu'minin.

Alloh Subhanahu Wata'ala midawuh,

الَّذِينَ يَحْمِلُونَ الْعَرْشَ وَمَنْ حَوْلَهُ يُسَبِّحُونَ بِحَمْدِ رَبِّهِمْ وَيُؤْمِنُونَ بِهِ وَيَسْتَغْفِرُونَ لِلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا وَسِعْتَ كُلَّ شَيْءٍ رَحْمَةً وَعِلْمًا فَاغْفِرْ لِلَّذِينَ تَابُوا وَاتَّبَعُوا سَبِيلَكَ وَقِهِمْ عَذَابَ الْجَحِيم

"(Malaikat-malaikat) anu nanggung 'Arsy jeung Malaikat anu aya di sakurilingna maca tasbih (nyakséni Maha Sucina Alloh) muji Pangéranna jeung maranéhna iman ka Mantenna sarta ménta pangampura pikeun jalma-jalma anu ariman (bari ngucapkeun): "Nun Gusti Pangéran abdi, rohmat sareng élmu Anjeun ngawengku sagala perkawis, paparin pangapunten ka jalmi-jalmi anu tobat tur tumut kana jalan Anjeun sareng mugia Anjeun kersa ngariksa aranjeunna tina siksa naraka anu ngabebela." (QS. Almu'min ayat 7)

Para Malaikat anu nanggung 'Arsy Alloh Anu Maha Asih sareng para Malaikat anu aya di sakurilingeunana, aranjeunna nyakséni Maha Sucina Alloh tina sagala kakirangan, muji Mantenna ku pujian anu payus kanggo Mantenna anu Maha sagalana, aranjeunna iman ka Mantenna kalayan anu saleresna iman. Aranjeunna ogé mundut pangapunten ti Alloh kanggo jalmi-jalmi Mu'min bari ngadu'a, "Nun Gusti Pangéran abdi, rohmat sareng élmu Anjeun ngawengku sagala perkawis, mugia kersa ngahapunten jalmi-jalmi anu tobat tina musrik sareng ma'siat, lajeng aranjeunna aya di jalan anu sakedahna anu ku Anjeun dipikarido nyaéta Islam, tur tebihkeun aranjeunna tina siksa seuneu naraka anu kalintang pikasieuneunana."

Salami jalmi nu ariman tobat tur teu weléh aya di jalan Alloh, Malaikat teu weléh mundut pangapunten kanggo aranjeunna.

2. Malaikat mundut rido Alloh supados ngalebetkeun kaum Mu'minin ka sawarga 'Adn.

رَبَّنَا وَ اَدۡخِلۡہُمۡ جَنّٰتِ عَدۡنِۣ الَّتِیۡ وَعَدۡتَّہُمۡ وَ مَنۡ صَلَحَ مِنۡ اٰبَآئِہِمۡ وَ اَزۡوَاجِہِمۡ وَ ذُرِّیّٰتِہِمۡ ؕ اِنَّکَ اَنۡتَ الۡعَزِیۡزُ الۡحَکِیۡمُ ۙ

"(Malaikat ngadu'a), "Nun Gusti Pangéran abdi, sareng mugia kersa ngalebetkeun aranjeunna ka sawarga 'Adn anu parantos dijangjikeun ku Anjeun ka aranjeunna kalih jalmi-jalmi soléh di antawis bapa-bapa aranjeunna, sareng istri-istri aranjeunna, sareng turunan aranjeunna sadayana. Saéstuna Anjeun Anu Maha Gagah tur Maha Wijaksana." (QS. Almu'min ayat 8)

3. Malaikat mundut supados Alloh ngajagi kaum Mu'minin tina siksa naraka anu mangrupi wawales ka jalmi anu midamel paripolah awon.


وَقِهِمُ السَّيِّئَاتِ ۚ وَمَنْ تَقِ السَّيِّئَاتِ يَوْمَئِذٍ فَقَدْ رَحِمْتَهُ ۚ وَذَٰلِكَ هُوَ الْفَوْزُ الْعَظِيمُ

"Sareng mugia kersa ngajagi aranjeunna tina (wawales) kajahatan. Sareng jalmi-jalmi anu ku Anjeun dijagi tina (wawales) kajahatan dina dinten éta, saéstuna Anjeun parantos maparin anugrah rohmat ka anjeunna tur éta téh unggul anu rongkah." (QS. Almu'min ayat 9)

Dina éta ayat Malaikat mundut supados kaum Mu'min ditebihkeun tina balukar awon tina paripolah awon. Malaikat mundut supados kaum Mu'min teu kénging disiksa sanaos kantos midamel paripolah awon. Saur Malaikat, singsaha jalmi anu ditebihkeun tina balukar awon tina paripolah awon dina dintenan dihisab, tangtos éta jalaran Alloh parantos maparin rohmat kalih ni'mat ka aranjeunna ku salamet tina siksaan, éta téh taya sanés unggul anu kacida rongkahna, unggul anu taya babandinganana.

4. Malaikat mundut pangapunten sareng rohmat Alloh kanggo kaum Mu'min anu masih kénéh calik di tempat netepanana.

Rosululloh SAW midawuh,

"Jeung Malaikat maca solawat (ngadu'akeun kasalametan) ka jalma anu masih aya di tempat solatna. Malaikat nyarita, "Nun Gusti Pangéran abdi, mugi kersa maparin rohmat ka anjeunna. Nun Gusti Pangéran abdi, mugi kersa nampi tobatna. Salami éta jalmi henteu ngaganggu ka nu sanés tur salami henteu batal wuduna." (HR Bukhari-Muslim).

Subhanalloh, kaum Mu'minin calik waé di tempat netepan, tiasa ngéngingkeun perhatosan Malaikat dugi ka aranjeunna mundut rohmat sareng pangapunten Alloh kanggo anjeunna. Kantenan saupami calik satos netepan téh dieusian ku dzikir istigfar (mundut pangapunten ti Alloh), dzikir biasa, ngadu'a, maos Al-Qur'an, ssjb.

Ibnu Baththal nyarios,

"Singsaha jalma anu hayang dosana dihampura bari teu kudu capé, poma kudu ngamangpaatkeun kasempetan aya di tempat diukna sanggeus sholat pikeun meunang du'a jeung istighfar ti Malaikat."

Dina kaayaan sapertos kitu, du'a sareng tobat téh caket pisan kana diijabahna. Janten saupami urang parantos nepangan Alloh dina netepan, saéna teu kénging gura-giru angkat, kantenan saupami likum-likum léos. Di dinya aya kasempetan anu kalintang saéna anu kalintang lebarna saupami henteu dimangpaatkeun. Kantenan saupami parantos ngalaksanakeun netepan tahajud. Kaayaan anu simpé ngajantenkeun urang langkung husyu tur guneman urang sareng Alloh SWT langkung anteb, leleb, témbrés, tur nyerep dina ati sanubari. Dina waktos éta urang teras dzikir istigfar, dzikir biasa, ngadu'a, sareng maos Al-Qur'an teras saseueur-seueurna parat dugi ka subuh. Ni'matna luar biasa. 

5. Malaikat mundut pangapunten Alloh kanggo jalmi Mu'min anu ngalayad wargina papada Mu'min anu nuju teu damang.

Rosululloh SAW midawuh,

"Hiji jalmi henteu ngalongok nu gering pasosore kajaba 70 rébu Malaikat kaluar maca istighfar pikeun manéhna nepi ka isuk-isuk (isukna) jeung pikeun manéhna patamanan di sawarga. Singsaha jalma anu ngalongokna wanci isuk-isuk, 70 rébu Malaikat bakal kaluar maca istighfar pikeun manéhna nepi ka pasosoré jeung pikeun manéhna patamanan di sawarga." (HR Abu Dawud- Tirmidzi).

Cindekna:

1. Kalintang bagjana janten kaum Mu'minin téh jalaran ku Malaikat diperhatoskeun tur dipikanyaah.

2. Malaikat mundut pangapunten kanggo jalmi Mu'min.

3. Malaikat mundut rido Alloh kanggo ngalebetkeun jalmi Mu'min ka sawarga 'Adn.

4. Malaikat mundut supados jalmi Mu'min ditebihkeun tina wawales mangrupi siksaan sok sanaos kantos midamel dosa.

5. Malaikat mundut rohmat sareng pangapunten kanggo jalmi Mu'min anu masih kénéh calik di tempat netepanana.

6. Aya 70 rébu Malaikat anu kaluar ngadu'akeun hiji Mu'min anu ngalayad wargi Mu'min anjeunna tur ngadu'akeunana teras-terasan kirang langkung salami 12 jam.

Subhanalloh, kabita pisan didu'akeun ku para malaikat anu suci, anu teu kantos midamel dosa sakedik-kedik acan, anu mutlak taatna ka Alloh, anu dijamin dikobulna ku Alloh.

Mugia urang kalebet jalmi anu teu weléh panceg dina iman, anu teu weléh tobat neda pangapunten Alloh, tur anu teu weléh satékah polah aya di jalan Alloh. Mugia urang ogé kalebet jalmi anu betah dina calik urang satos netepan, anu dieusian ku rupi-rupi aosan anu saé, sapertos dzikir istigfar, dzikir, du'a, maos Al-Qur'an, ssjb, ogé mugia urang kalebet jalmi anu ageung kanyaah ka wargi papada Mu'min, anu salahsawios carana ku haat sumping ngalayad saupami aya di antawis aranjeunna anu teu damang. Mugia urang kalebet jalmi anu ngengingkeun du'a para Malaikat anu beresih tina dosa, anu dijamin diijabahna. Mugia éta du'a baris jajap urang kana hirup anu sugema di kalanggengan di sawarga Adn.


آمِــــــــــيْنَ يَا رَبَّالْعَالَمِــــــــــيْن

وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُه

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

0 Response to "KANYAAH MALAIKAT KA JALMI ANU IMAN"

Post a Comment